Janten emut kapungkur, keur leutik.....

Hujan ngagebret,imah panggung keneh, hateupna sok bocor,..kuring,adik 
kuring,bapak,emak, ngararengkol dina ranjang...bapak ngadongeng eta carita 
hihid aing, kuring jeung adi tepi ka inghak2an ceurik,...

saentos carita eta teh, kuring jueng adi geus repeh, di teruskeun deui carita 
tukang seeng..hing deui weee ceurik huehueh... duka tah carita ieuh mah 
jijieunan bapak, atanapi aya bukuna, daa carita anak yatim, anu indungna dibawa 
tukang seeng, anakna dua laleutik keneh di tinggalkeun...cenah.. :D

Nia

-----Original Message-----
From: mh [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Monday, November 08, 2004 1:05 PM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: [Urang Sunda] Rusdi jeung Misnem ceuk Kang Ajip
barudak pangahirna maca Rusdi jeung Misnem di Sakola
Ra'yat t�h. Ari Sumber Arum jeung Gandasari mah
dicitak deui sabada perang g�.


Aya deui dong�ng anu nepi ka ayeuna teu bisa poho,
sanajan ari susunan caritana mah geus teu inget, tapi
aya fragm�n tina �ta dong�ng anu tetep nyant�l teu
laas ku geus lawas. Mun teu salah mah �ta dong�ng t�h
nyaritakeun dua budak pahatu-lalis di leuweung.
Lanceukna lalaki ngala buah loa, adina aw�w� di handap
diteureuy oray, mimitina sukuna heula, nyalukan
lanceukna:


"Kang, kang tulungan
aya nu gagarayaman
kana suku jeung ng�g�lan.
Cing geuwat kuring tulungan."

Lanceukna keur kapalang ngala loa, ngajawab tina luhur
tangkal:

"Usap ba� nyai, meureun sireum."

Macana dikawihkeun, laguna basajan pisan, tapi harita
mah mutuh mawa suasana ngenes-ngangres.

Barang �ta budak aw�w� t�a geus kateureuy kab�h ku
sakadang oray, kakara lanceukna nyahoeun. Had�na aya
manuk disada kawas nu mapatahan:

"Cukrih! Cukrih! Cukrih!
Turih ku pucuk eurih!"

Sakadang oray diturih beuteungna ku pucuk eurih, si
budak aw�w� geus taya nyawaan. Tapi da tuluy hirup
deui, digeberan ku hihid kabuyutan bari dikawihan:

"Geber-geber hihid aing
hihid aing kabuyutan,
titinggal nini awaking..."
jeung saterusna.
 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke