Hehehe ..., maos lembur sareng ngabedahkeun balong teh janten emut ka Rusdi sareng Misnem nuju dilongok ku akina.
Kenging bagean teh pas Rusdi sakulawarga nuju ngaleumeung di sawah, atuh ngetik teh bari kumetap, neureuyan ciduh. Mugi-mugi wae teu janten batal.
 
Neng Nia, sok ngaleumeung tara ? Bilih bade tah ieu resepna :
 
Barang datang ka sawah, nyampak geus rea jelema nu ngimeutan gogorontong. Bapa Rusdi tuluy nitahan bujangna, ngala awi tali nu ngora keneh saleunjeur keur ngaleumeung. Geus kitu, tuluy dikelengan saruas-saruas. Ari ambu Rusdi ngagalokeun gigih, kalapa jeung uyah.

Sanggeus kitu, pek dieusikeun kana ruas sarta tuluy ditanggeuh-tanggeuhkeun kana paranggongna, nu beunang ngadadak nyieun harita, pek diseuneuan ti handapna.

Kabeneran aya ruas hiji, teu kaeusian. Si Misnem tuluy ngala daun taleus, pek dilelegkeun kana ruas tea. Heg dicaian saeutik sarta diasupan uyah, kunci, cabe, bawang jeung katumbar jinten. Sok diteundeun deukeut ruas-ruas leumeung. Sanggeus ngagolak caina, tuluy dirojok ku awi supaya jadi lempur (?) jeung rata asakna.

Kira-kira wanci pecat sawed, leumeung jeung loto papasakan si Misnem tea asak. Lotona ditamplokeun kana jajambaran, ari leumeungna pek dibeulahan.

“Leuh, na aya seungit, nya ema !”, cek Rusdi.

 
Sim kuring ge atuh sami ngahaturkeun wilujeng Boboran Siam 1425H, nyuhunkeun dihapunten samudaya kalepatan, ti luhur sausap rambut (sanes bulu) ti handap sausap dampal.
 
Wassalam,
Eman
----- Original Message -----
Sent: Wednesday, November 10, 2004 12:56 PM
Subject: [Urang Sunda] Wilujeng Boboran Siam 1425 H

Baraya Sadaya,
Akang2, Teteh2, Abdi ngahaturkeun wilujeng boboran siam, hapunten sadaya kalepatan, rumaos seueur kasalahan, boh dihaja atanapi teu ngahaja.
 
Anu bade uih ka majalengka,saha anu bade sareng hayu, enjing sonten.
Soteh raga di dieu, da lelembutan mah ieu teh tos di lembur, nuju ngabedahkeun balong....
 
Nia
 
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke