Waalaikum salam wr.wb.
Eh tadi barang send mail eh aya mail ti Kang Akos, jadi "duplikasi"?. Janten kitu Kang, sim kuring rek nyorangan teu sarimbit, da barudak mah geuning Saptu teh sarakola. Jadi urang antos saha bae nu rek babarengan teh, sukur2 mun 2 kijang tiasa pinuh. Tempat kempel mah di Al Kamal hade, oge bilih bade aya nu nyegat di panto tol kebon jeruk oge teu kua kieu nya, asal HP nya we di "on".
Salam
TCW
akos kosasih <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu'alaikum...
Baraya, kumaha damang? nuhun pami damang mah..
Wilujeung tepang bae ka wargi anyar. Nepangkeun sim
kuring Akos Kosasih kawit ti Ciamis, samentawis ayeuna
janten rahayatna mas Sutiyoso anu hayuh bae riweuh
ngagugulung bae runtah.
Karek jol deui ka lembur satas pere boboran, aya beja
naon di lembur nun? Mugia bae sing taya wartos anu
pikeueungeun.
Ngeunaan acara di Cimalati, kuring sareng kang Tirta
insyaalloh bade angkat sasarengan ti Jakarta. Manawi
aya deui baraya Jakarta anu kersa abring-abringan
sasarengan, mangga diantos wartosna. Anu parantos
kadaptar teh : Kuring , kang Tirta, kang
Agus-PAKUSARAKAN, kang Dhanny Kurnia,kang Kamal
(janten teu kang?)....... cik mangga saha deui?
Insyaalloh bade angkat Sabtu enjing-enjing. Alternatif
samentawis titik keberangkatan teh di payuneun RS Al
Kamal caket pintu tol Kebun Jeruk. Kanggo
transportasina, ayeuna nembe aya 2 kijang. Mung sigana
moal ditumpakan eta kijang teh, upami aya baraya nu
kagungan beus mah.....:P
wassalam,
baktos akos
__________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - You care about security. So do we.
http://promotions.yahoo.com/new_mail
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

