|
kang eko....
mana atuh poto2na...???
Panzi
*bati kumetap we lahhhh....
----- Original Message -----
Sent: Monday, November 29, 2004 7:49
AM
Subject: [Urang Sunda] Acara
Cimalati-Sukabumi
Assalamu'alaikum wr. wb.
Allhamdulilah kamari ping
27 Nov 2004 baraya kusnet parantos ngayakeun halal bi halal
di cimalati-sukabumi, kiranglangkung anu sumping anu aya di daftar
tamu aya 33 urang upami djumlahkeun sadayana sareng kulawargi anu dicandak
kirang langkung aya 70 urang. Kirang langkung tabuh 10
enjing-enjing baraya parantos sarumping teras we ka tempat kempel sambil
ngupingkeun kacapain anu live tea dugi tabuh 12 teras sholat lohor di
teraskeun tuang siang.
Kirang langkung tabuh hiji siang acara
dikawitan, seksi acara kang gunawan yusuf : 1. Ngaos Ayat suci al-qur'an
(hilap deui namina - ti sukabumi) 2. Sambutan ti pupuhu panitia (sim
kuring) 3. Sambutan ti pupuhu hajat (Mang Siddik) 4. Acara nepangkeun ti
sadayana baraya anu sumping 5. Sambutan ti Pupuhu Yayasan Perceka (Mang
Jamal) 6. Sholat Ashar 7. Acara Diskusi/Ngobrol sareng nusanesna
(Kang Tantan) 8. Sholat Magrib 9. Neraskeun Diskusi dugikeun tabuh
12:30
Kanggo hasil diskusi parantos dipostingkeun ku kang tantan,
sakitu ringkesan acara halal bi halal dicimalati-sukabumi kamari kanggo
detail sadayana acara insya alloh ke dikintunkeun deui kaleresan kamari
catetanana disimpen di laptopna mang siddik, teras kanggo daftar baraya anu
sumping ke insya alloh nyusul.
Teu hilap sim kuring ngahaturkeun
nuhun pisan ka pupuhu hajat (mang siddik, kang edi sutardi) anu parantos
ngawaragadan acara hahal bi halal. Kitu deui sim kuring hatur nuhun pisan
kasadayana kanu tebihna kanu caket parantos kersa rurumpaheun ka acara
halal bi halal kusnet di cimalati sukabumi. Teu hilap sim kuring oge
nyuhunkeun dihapunten bilih salami kapanitian halal bihalal ieu kirang
nyugemakeun sadayana baraya sakali deui nyuhunkeun
dihapunten. Mudah-mudahan acara kempel-kempel/halal bi halal kusnet
sepertos ieu kapayuana tiasa diayakeun deui.
Sakitu heula ti sim
kuring, hapunten
kana kakiranganana.
Wassalam, @ERN
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor |
ADVERTISEMENT
![click here]() | |
![]() |
Yahoo! Groups Links
|