----- Original Message -----
Sent: Monday, November 29, 2004 12:40
PM
Subject: [Urang Sunda] Lingkung Seni
Sunda di Paguron Luhur
Carios MJ nu nyambit robihna kaayaan langkung heureutna lengkah
kulantaran geus laki rabi jadi kapikiran oge ku sim kuring. Memang enya MJ
lengkah teh teu sajauh basa urang masih keur wanoh, masih kuat &
bebas ngalong jeung oge nu aya mah resep we mun ancag incig padahal teu kudu
make kratingdaeng. Nalika kondisi Kusnet nu mayoritas
statusna pagawe (oge laki rabi?), jeung kagagas ku icik ibungna MJ di Lisenda
sim kuring gaduh usul hayu urang dipikir jeung dikaji kumaha narekahanana
supaya leuwih loba mahasiswa nu rek ancrub kana kagiatan Kusnet. Ari mahasiswa
teh daria, "energizer". Mun milu ancrub di kagiatan Kusnet keur urang tangtu
kabantu pisan dina "operasional" hiji kagiatan, atuh keur maranehna lian ti
ngala pangalaman oge bisa keur ngeusi CV, pibekeleun kahareupna.
Baheula kuring boga impian kabeh Paguron Luhur di Jabar boga unit
kagiatan dina budaya sunda sapertos lingkung seni sunda. Ieu unit teh
strategis, ngan di paguron luhur urang boga kasempetan
terahir ngeusi kasundaan ka "kaum intelektual" . Jadi ngalengkepkeun
lengkah strategis PSK nu nyegat ngeusi kasundaan US ti bibitna.
Kapungkur mun Kang Ajip aya ka Bandung (liburan ti Jepang) ku Abah Surya
& Kang Rustandi (masih aya??) sok diulem & "dieusi" barudak2 ti
lingkung seni sunda paguron2 luhur di Bdg. Patarosan (usul?) si kuring naha
mungkin/tiasa henteu mun Kusnet boga program ngumpulkeun/ngeusi adi-adi ku
cara nu sarua. Singketna usulan teh aya dua:
1. Kusnet ngaaktipkeun adi-adi nu di lingkung seni sunda di paguron2
luhur ku jalan panglawungan/diskusi jeung