Hatur nuhun Kang:
Sim kuring gaduh kliping (fotokopian) artikel di PR seratan Ua Herman Y. Ibrahim, Ua Tjetje Padmadinata jrrd nu rame madungdengkeun masalah kasundaan nu numutkeun sim kuring mah aya gunana keur ngadadasar mikir/nyusun positioning/SWOT. Artikel-artikel teh ngawitan ti sasih Januari 2001, janten ayeuna mah teu tiasa diakses ti PR-online.
Kantos ka Kang Akos sim kuring ngumahakeun supaya dirempug nyeken (scan) supaya pdfna tiasa diupload. Tapi upama aya koneksi ka ITna PR mah tangtos langkung sae (efektif & efisien). Insya Allah enjing ku sim kuring dibewarakeun judul sareng kaping terbitana artikel dimaksad.
Salam
TCW
Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Mangga Kang, diantos pisan lajuninglakuna. Kabeneran geus 2 tahun
ieu si kuring milu mantuan ngaropea RENSTRA pangwangunan budaya
jeung Disbudpar-Jabar. Atuh di kantor geus 3 taun kapeto nyusun
lakip. Nya lumayan, sok sanajan cangcaya hasilna eta bisa
dilaksanakeun ayeu-ayeuna ieu-kusabab kaayaan kahirupan pamarentahan
urang anu geus sakieu parnana-ari macaan istila-istilah "perencanaan
stratejik" mah geus biasa.
Rupina sateuacan anngtukeun visi, misi, filosofis jeung sajabana
unsur perencanaan stratejik, urang teh peryogi heula ngalakukeun
analisis SWOT jeung positioning (analisis lingkungan stratejik jeung
sawangeun ka payun) YP/Kusnet. Saterasna nangtukeun "issu-issu
stratejis". Nembe aya tim anu ngarumuskeun RENSTRA (visi, missi, jst)
pikeun dimusyawarahkeun jeung disaluyuan ku mayoritas anggota (teu
mungkin sigana ari disatujuan ku sakabeh anggota mah).
Cag heula.
Baktosna,
manAR
--- In [EMAIL PROTECTED], Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
> Kang Oman, Kang Rani oge baraya sadaya:
> Fokus ka perkawis kanjut kundang, rupina kedah disiapkeun super
serieus margi ieu teh nu ngamatakeun ajeung atawa runtagna hiji
paguyuban. Tapi ke ieu teh urang sakantenan dijentrekeun sareng
usulan nu sanesna. Urang cobi masing-masing ngataji kinten-kintena
naon bae nu ku urang rek dilaksanakeun dina rarangka (frame):
> 1. "Create Vision/Mission/Guiding Principles"
> (ieu urang nyantolkeun ka AD/ART Yay. Perceka)
> 2. "Develop 3-5 years Plan"
> 3. "Develop Yearly Operational Plan"
>
> Sateuacana neda dihapunten rehna ieu make bahasa inggris. Ieu mah
supados enggal "on" ka nu biasa ancrub dina widang manajemen oge nu
kungsi diajar manajemen.
>
> Urang optimalkeun kakuatan urang babarengan digawe jeung digawe
babarengan ku ayana dunya maya. Engke dina tahap nu rada asak
(draft?) urang kopdar ngaasakeun gigih jadi sangu.
>
> Salam
> TCW
>
>
> Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>
>
> --- In [EMAIL PROTECTED], MRachmat Rawyani
> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > Sajajalan,kuring, Kang Tirta jeung Kang Akos, nyambung
> > pangalaman halal bihalal di cimalati. Naon anu
> > dibewarakeun ku Kang Tantan perkara "rumusan"
> > pajemuhan sapeuting jeput, asana teh "equivalent"
> > pisan jeung obrolan kuring tiluan. Atuda Kang tirta
> > jeung Kang akos mah ahli dina soal "paduitan" (lulusan
> > STAN), nya anu jadi udagan teh, kumaha sangkan "Kanjut
> > Kundang" Perceka merecit (pinuh).
> > Kumaha taktik sareng strategina, Sok lah kang Tirta
> > tong asa-asa dijentrekeun, ngalengkepan rumusanana
> > Kang Tantan.
> >
> > baktos,
> >
> > mrachmatrawyani
> >
>
>
> ---------------------------------
> Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends
today! Download Messenger Now
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor |
| Get unlimited calls to U.S./Canada |
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

