Mangga Kang, atuh leuleutikanan sim kuring tahun 2002 parantos 
midamel SWOT kabudayaan Jabar (sumber diantarana hasil KIBS I), oge 
konsep panalungtikan pangwangunan budaya kanggo ngronjatkeun IPM, 
sareng anu anyar keneh kamari ieu rengse midamel (bahan) RESNTRA 
pangwangunan kabudayaan sareng pariwisata, anu diturunkeun sakumaha 
prinsip2 perencanaan strateji. 

Filosofis/kawijakan tiluanna ampir sarua, nyoko kana jejer falsafah 
sajarah (rujukan a.l :Krisis Kabudayaan-na Kang Saini K.M)

Sababaraha kagiatan/sub program/program tina renstra kabudayaan + 
pariwisata jabar (visi, misi, jsb na mah engke bae tiasa diaos 
uapama pendak) upamana bae (campur sari jeung B.Ind):
- midamel "panduan" migunakeun bahasa Sunda anu merenah
- nyusun karakter otonomi daerah (pikeun guidance daerah dina 
nurunkeun renstra-na kapayun)
- rintisan nulis sejarah "berbasiskan nilai-nilai"
- model pariwisata lingkungan (anu ngagabungkeun konservasi alam 
sareng budaya)
- pemasyarakatan penanda budaya (di kawitan ku nami isntansi sareng 
gedong2 pamarentahan ku basa Sunda, panamping aksara Sunda; warna 
jeung ornamen Sunda; jeung tutuwuhan Sunda-upamana di gedong sate)
- pagelaran maneuh rupa-rupa seni tradisi
- Ngahejokeun leuweung (pikeun rehabilitasi leuweung jeung muka 
jalur distribusi)
- ngahirupkeun deui seni tradisi anu nyoko kana ngokolakeun 
lingkungan jeung tatanen)
jrrd.

Baktosna,
manAR

--- In [EMAIL PROTECTED], Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
> Hatur nuhun Kang:
> Sim kuring gaduh kliping (fotokopian) artikel di PR seratan Ua 
Herman Y. Ibrahim, Ua Tjetje Padmadinata jrrd nu rame madungdengkeun 
masalah kasundaan nu numutkeun sim kuring mah aya gunana keur 
ngadadasar mikir/nyusun positioning/SWOT. Artikel-artikel teh 
ngawitan ti sasih Januari 2001, janten ayeuna mah teu tiasa diakses 
ti PR-online.
> Kantos ka Kang Akos sim kuring ngumahakeun supaya dirempug nyeken 
(scan) supaya pdfna tiasa diupload. Tapi upama aya koneksi ka ITna 
PR mah tangtos langkung sae (efektif & efisien). Insya Allah enjing 
ku sim kuring dibewarakeun judul sareng kaping terbitana artikel 
dimaksad.
>  
> Salam
> TCW
> 
> Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> Mangga Kang, diantos pisan lajuninglakuna. Kabeneran geus 2 tahun 
> ieu si kuring milu mantuan ngaropea RENSTRA pangwangunan budaya 
> jeung Disbudpar-Jabar. Atuh di kantor geus 3 taun kapeto nyusun 
> lakip. Nya lumayan, sok sanajan cangcaya hasilna eta bisa 
> dilaksanakeun ayeu-ayeuna ieu-kusabab kaayaan kahirupan 
pamarentahan 
> urang anu geus sakieu parnana-ari macaan istila-
istilah "perencanaan 
> stratejik" mah geus biasa. 
> 
> Rupina sateuacan anngtukeun visi, misi, filosofis jeung sajabana 
> unsur perencanaan stratejik, urang teh peryogi heula ngalakukeun 
> analisis SWOT jeung positioning (analisis lingkungan stratejik 
jeung 
> sawangeun ka payun) YP/Kusnet. Saterasna nangtukeun "issu-issu 
> stratejis". Nembe aya tim anu ngarumuskeun RENSTRA (visi, missi, 
jst)
> pikeun dimusyawarahkeun jeung disaluyuan ku mayoritas anggota (teu 
> mungkin sigana ari disatujuan ku sakabeh anggota mah).
> 
> Cag heula.
> Baktosna,
> manAR
>   
>  
> > 
> > 
> > --- In [EMAIL PROTECTED], MRachmat Rawyani 
> > <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > > Sajajalan,kuring, Kang Tirta jeung Kang Akos, nyambung
> > > pangalaman halal bihalal di cimalati. Naon anu
> > > dibewarakeun ku Kang Tantan perkara "rumusan"
> > > pajemuhan sapeuting jeput, asana teh "equivalent"
> > > pisan jeung obrolan kuring tiluan. Atuda Kang tirta
> > > jeung Kang akos mah ahli dina soal "paduitan" (lulusan
> > > STAN), nya anu jadi udagan teh, kumaha sangkan "Kanjut
> > > Kundang" Perceka merecit (pinuh).
> > > Kumaha taktik sareng strategina, Sok lah kang Tirta
> > > tong asa-asa dijentrekeun, ngalengkepan rumusanana
> > > Kang Tantan.
> > > 
> > > baktos, 
> > > 
> > > mrachmatrawyani
> > > 
> > 
> > 
> > ---------------------------------
> >   Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends 
> today! Download Messenger Now
> 
> 
> 
> 
> 
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> 
> 
> 
> Yahoo! Groups SponsorADVERTISEMENT
> 
> 
> ---------------------------------
> Yahoo! Groups Links
> 
>    To visit your group on the web, go to:
> http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
>   
>    To unsubscribe from this group, send an email to:
> [EMAIL PROTECTED]
>   
>    Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of 
Service. 
> 
> 
> 
> ---------------------------------
>   Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends 
today! Download Messenger Now





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke