kamari rengse lebaran, barudak hayang ulin ka basisir.
nya alhamduliullah di tedunan, rek miang ka basisir
'swarangan', basisir di wewengkon borneo kidul nu
masih keneh tacan kajamah ku pangropea jalma. 

salila di jalan, kira kira tengah-tengah lalampahan,
eureun di pom bensin, daerah pelaihari. keur jonjon
nungguan giliran, aya nu dagang asongan nyelengkeung,
"tahu sumedang, tahu sumedang!" cenah. ceuk pikiran
teh, tahu sumedang dimana horeng, di borneo naha aya
tukang tahu sumedang kitu. 

panasaran nu dagang ku kuring digeroan, "kang, tahu
sumedang mana ieu teh?" ceuk kuring ku basa sunda. nu
dagang rungah-ringeuh semu asa-asa, sanggeus aya tilu
kalina ku kuring digeroan, maneh kakara ngawalon.
tetela manehna urang sunda pituin, asal sukabumi. ceuk
manehna di borneo tos aya juragan tahu, sareng juragan
roti anu ngabaladah dagang di pangumbaraan. pasukanana
kawilang riab oge. 

tetela, majar urang sunda arang nu liar ti kampung na
teh geuning nyalahan. tukang tahu, jeung tukang roti
di borneo geuning urang sunda oge. 

salam,
mh



                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
The all-new My Yahoo! - Get yours free! 
http://my.yahoo.com 
 



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke