Ke sakedap Kang waluya, naha arie Mrie Alkatiri teh muslim kitu ? muhun da sim kuring mah nembe ngadangu manawi teh kristen?
 
Asep Noor
----- Original Message -----
From: waluya56
Sent: Wednesday, December 01, 2004 9:14 AM
Subject: [Urang Sunda] Re: nasib muslim di exs timor-timur


Ceuk kuring mah nu sabenerna, nu leuwih tepat, sikep urang Timtim nu
teu resep kanu "bau-bau" Indonesia. Kaleresan Indonesia oge sok
diidentikeun jeung Islam. Keur sabagian urang Timtim, nu bau-bau
Indonesia teh kudu dipiceun, Bahasa Indonesia, dangdut jeung Islam
lamun bisa mah ulah aya di bumi Timor Timur. Sikep kieu oge kantos
nerekab di Indonesia, sagala anu "bau-bau" walanda kudu dipiceun.

Kuring kantos ngobrol jeung tantara nu ngajaga di tapel-wates jeung
Timor-timur. ETa tantara teh ngan gegelendeng terus, teu ngeunah ku
kalakuan urang Timor-Timur nu lamun nganjang ka barayana di wilayah
Indonesia, lamun ditanya ku bahasa Indonesia teh, keukeuh ngajawabna
ku bahasa Tetun, embung ngajawab ku Bahasa Indonesia, pura-pura teu
ngarti!

Perkawis Islam di Timor-Timur, saleresna mah ti kapungkur oge
parantos aya ti keur jaman dijajah Portugis oge, para panganutna
warga katurunan Arab, ari masjidna nya Masjid An-Nur tea. Salah
sahiji katuranan Arab anu jadi dedengkot anti intergrasi, baladna
Ramos Horta, nyaeta Marie Alkatiri, nu jadi PM Timtim ayeuna!.
Kuring oge teu ngarti, jeung teu dibejakeun dina eta wartos, naha nu
didiskriminasi teh ukur urang Islam nu asalna urang Indonesia (urang
Bugis biasana mah) atawa sadayana, kalebet katurunan Arab anu
pastina oge loba dulurna Marie Alkatiri!

-WALUYA-



--- In [EMAIL PROTECTED], durahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor

Get unlimited calls to

U.S./Canada



Yahoo! Groups Links

Kirim email ke