Euleuh, kutan tos ngageser ka Maret sasih pantangan nganjang ka 
dinya teh? Saleresna sanes pantang, mung ku ituna moal ditampi da 
keur aya acara khusus aranjeunna.

Leres, nganjang ka Kanekes kudu tarapti, kudu bebekelan. Utamana 
keur di jalan samemeh anjog ka nu dijugjug. Sabab di Baduy, boh di 
luar atanapi di jero, teu aya warung (aya ari nu dagang mah, tapi 
arang langka). Di Baduy luar geus kabiasaan (aya 
sababaraha "statsion", pupuhu kampung atawa Jaro) anu tiasa 
dipeutingan ku urang anu ziarah, sabab lalampahan tepi ka Baduy jero 
lamun disamualkeun (siga ngahuap bae nya, disakalikeun atuh kecap 
sejenna mah) sapoe jeput inggis mopo di jalan hara-haraeun (ieu teh 
mangmelangkeun ka sorangan bae utamana mah, baheula kuat soteh, 
ayeuna mah biheung kaduga).

Lalampaheun ka Baduy enya matak nineung hayang malikan. Sapanjang 
jalan titingalian kaaslian (relatif lah, asli bae di banding jeung 
di pilemburan urang anu geus sakieu rusakna), asa di "the dream 
land" bae. Di wewengkon eta aya keneh cukang (B. Ind: jembatan, di 
ditu disebutna rawayan) tina akar kai asli (anumasih hirup) anu 
panjangna leuwih ti 50 meter jeung gede, bisa diliwatan ku dua 
jelema. Tangtu bae rawayan teh luhureun walungan anu caina herang.

Peuting kahiji sigana kudu ngarereb di petempatan Jaro Daenah di 
Kadu Ketug, kampung nu geus kaasup Baduy anu pangraketna jeung 
Ciboleger (statsiun kandaraan pangakhirna). Sakalian urang nanggap 
ki Jaro, kumaha carita anjeunna ngeunaan Baduy, baheula jeung ayeuna.

Ti Kaduketug jalan nuju ka Baduy jero teh bisa 2 jalur. Aya anu 
ngaliwatan Cipiit atawa ..kampung naon nya hilap deui. Nu kahiji 
rada nguriling jalan teh, tapi heunteu tarahal teuing, tanjakanna 
heunteu pati netek. Anu kadua make jalur anu leuwih singket, tapi 
kacida tarahalna (loba tanjakanana).

Lalampahan teh unggah gunung-turun gunung. Gunung-gunung anu 
minangka benteng alam nu ngajaga lembur. Kahade, kudu sayogi leres-
leres, boh fisik atawa mental. Ulah mopo di jalan, sabab moal aya nu 
mantuan ngagandong (duka tah Nneg Mpup mah da panganten anyar, 
sigana mopo oge teu nanaon da aya arjuna-na). Sapanjang jalan 
liliwatan tetempoan kacida endahna.

Di Baduy jero, hulu cai cur cor tina gawir jalan. Caina bisa 
langsung diinum da urang ditu mah tara migunakeun pestisida dina 
tatanen na jeung deui tartib dina ngokolakeun runtah, kaasup runtah 
tina bdan arenjeunna. 

Di Baduy Jero mah ngan bisa meuting sapeuting bae, kajaba upama geus 
aya "deal" sareng puun (upamana pikeun panalungtikan). Kituna teh 
sabab isukna, isuk-isuk pisan sakabeh pangeusi kampung budal ka 
tempat gawe aranjeunna (huma). Emh...pokona mah matak deudeuieun 
sanajan cape oge.

Upama hayang ngasaan sangu anu parena geus mangtaun-taun disimpen di 
leuit (bari heunteu rusak), hayu urang nganjang ka Baduy (harita si 
kuring disuguhan sangu beureum tina pare anu geus aya dileuti leuwih 
ti 10 taun). Enya leuit (lumbung) pare teh  keur aranjeuna mah 
minangka bank di jaman jeung alam urang ayeuna. 

Upama hayang ngasaan kumaha rasana dahar ngariung cara  Baduy, 
beuleum cau, cai legen, gula anu karen nyait, hayu ka Baduy.

Upama hayang nempo "satpam" imah puun mangrupa patok tina rangrang 
dahan kai satangtungan budak, minangka garis demarkasi (teu meunang 
diliwatan) anu pohara ditumutna, hayu ka Baduy. 

Cag heula.

manAR 

 


--- In [EMAIL PROTECTED], "Mpup" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> Leres, asanamah sasih Maret mun di masehi mah... naon disebatna 
teh 
> kang OMan, sasih pantrangan teh?? huehue, punten hilap deui..
> 
> Kapungkur abi kaditu teh sasih Februari, mung masih keneh usum 
hujan, 
> jadi bebelesekan dugi ka satuur leutakna... kedah siap-siap we 
> nganggo sapatu gunung nu teu gampil nyorosod... ari batur mah 
> tikosewad wae, abi mah teu acan kantos geubis basa harita teh...
> 
> Kedah nyandak oleh2 kanggo urang Baduyna, diantawisna lauk 
> asin+tarasi, sareng kanggo urangna mah nyandak beas kanggo tuang 
> sadidinten, rencangna mning keneh nu instant2... sapertos Abon+mie 
> atanapi Auo (makanan siap saji nu dibungkus ku aluminium foil nu 
> kantun dikeueumkeun kana cai ngagolak)... Resep da... matak asa 
> nineung, hoyong kaditu deui!!! siap2 jaga kondisi, da mapahna ge 
dugi 
> ka mangjam-jam... 
> 
> ~Ipup~
> (sono kana kadu Baduy)
> 
> --





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke