Di sim kuring aya buku ipis citakan taun 1952, judulna "Biantara2 dina ngadegna Pangauban Sunda tanggal 22 Nopember 1952"Dina ieu buku teu dijelaskeun organisasi naon ari Pangauban Sunda, mung upama nilik kana eusi biantara biantara anu aya dina eta buku, sigana hiji tarekah sangkan urang Sunda nguniang hudang.Aya tujuh inohong Sunda anu biantarana di citak dina eta buku :1. Ir Otong Kosasih (Biantara Bubuka)2. Sutisna Senjaya ( Urang Sunda dina Alam Kamerdikaan Indonesia)3. Puradireja ( Tabeat Urang Sunda)4. K Sukanda Bratamanggala ( Ki Sunda jeung Pangauban Sunda)5. RAAM Wiranatakusuma (Asa Mobok Manggih Gorowong)6. S Suradiraja ( seja ngiring nyampuran saieureun sabeunyeureun...)7. Djerman Prawirawinata ( Ieu teh Soara Rayat)Inti tina eta biantara sadayana oge satuju kana ngadegna Panguban Sunda, sareng aya biantara anu ngabejer beaskeun naon kagorengan (kakiranga..?) Urang Sunda diantarana ti Ir Otong Kosasih nyerat kenging nyutat ti ahli Walanda anu ngulik tabeat tabeat sifat bangsa Indonesia, nya aya diantara anu husus ditujulkeun keur bangsa Sunda.1. Urang Sunda teh resep diagung-agung (gila hormat)2. Urang Sunda teh resep ku kamewahan (gila kamewahan)3. Urang Sunda teh resep kapangkatan (gial pangkat)4. Saterasna urang Sunda kacida kinderlijkna, lishtiguning, sareng gampil tumampi.Disambung ku pamanggih ti Ir Otong nyalira nyaeta Urang Sunda teh kecing kurang kawani, majar deuih urang Sunda mah kurang kahormatan.Salajengna anu pantes di uninga ku baraya sadayana nyaeta biantarana Puradireja anu judulna Tabeat Urang Sunda, diantarana unina biantarana teh (dicutat saujratna)"Geura mangga tilik kaayaan diri pribadi, pek banding banding sareng deungeun. Meh kenging dipastikeun loba naker sifat sifat urang nu ngahudang pananya : naha wet kitu..? Boh ka anu nyaliraan, boh ka anu nongtong, sami bae.Dina sagala pergerakan nu aya hartosna, meh sadayana pamingpina sanes urang Sunda. Dina ger revolutie nu jadi luluguna di Bandung, sanes urang Sunda, naha wet kitu..?Dina sagala lapangan pausahaan nu jadi luluguna meh teu aya urang Sunda. Nu jadi pupucuk alat nagara, kenging disebatkeun teu aya urang Sunda.Naha wet kitu..?Nu nyekel sluitelpositie dina lapangan pagawe nagara duka aya duka henteu urang SundaAya sabaraha siki nonoman Sunda nu jenenganana dipapaesan ku gelar Ir, Dr, Mr, Drs..?sareng seueur seueur deui.........."Taun 2004 satutasna pemilihan presiden, di tatar Sunda loba anu silih tanya naha aya teu Urang Sunda nu jadi mentri..?Kahariwang urang dina taun 2004 sami sareng kahariwang kokolot taun 1950an, ana kitu lamun ditilik kadinya urang Sunda siga anu euweuh kamajuana, nu dipadungdengkeun ti baheula mula tug nepi ka ayeuna eta eta keneh, siga anu teu percaya diri.Naha enya kitu..? atawa lain ku teu maju Urang Sunda teh tapi batur ge majuna leuwih laju leuwih kenceng...!!Wallohu'alamMSasmita(pedaran ieu ditepikeun dina sawala kapeutingnakeun di Cimalati nu dimoderatoran ku Kang Tantan)
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

