Wah nuhuuun pisan Kang, cocog sareng perkiraan sim kuring...urang-urang papada geus pararoho lengkepna rumpaka "nelengnengklung". Sigana lullby ieu teh kaalaman ku urang keur leutik tapi geus jarang (henteu) dipake keur barudak urang. Lian ti nelengnengklung naha aya deui nu sanes henteu nya?
 
 
TCW

Kamal Idris <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Upami teu lepat mah kieu geura lengkepna
 
Yun ambing, ayung ambing .. di ayun-ayun ku samping
Ieu kasep (nami putrana)... hoyong bobo, hoyong na di ambing-ambing
Ieu apa arek gawe, gawena gawe naon bae..
 
Neng... nelengnengklung....
Geura gede geura jangkung...
Geura sakola ka Bandung
Geura makaya keun indung
 
Ku indung di jurung-jurung
Ku apa di biaya an....
 
 
Punten ah ngan sakitu nu apal, bilih lepat punten deui pang lereskeun..
 
Baktos / Kamal
 


Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke