Teh cenah pesta jurig di tengah rawa lakbok teh kulantaran ceuk nu di beulah wetan cenah pestana di beulah kulon, sabalikna ceuk nu di kulon cenah dibeulah wetan. Kitu sabalikna ceuk nu di kaler & kidul. Ceuk sababaraha penduduk lamun onom ngayakeun pesta lian ti nginjeum parabot (piring, katel jsb.) oge sok aya penduduk nu leungit, diinjeum keur babantu (jongos) nu engke dibalikeun deui mun pesta geus rengse.
Upami ayeuna carita ieu teh masih aya ngan teu sasanget kapungkur. Tapi keukeuh we nu paparahon di rawa lakbok mah taya nu wantun nyorangan.....masih pada sieun dibaturan ngala lauk atawa dipundut babantos pesta.
TCW
Ina Ratnawulan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
oh kitu... ari ayeuna sok aya keneh henteu kang?
tapi hatur nuhun kana dongengna kang Akos...
bilih aya dongeng nu sanesna, mangga diantos
hehe.. deudeuieun... buntutan
~ina
----- Original Message -----
From: "akos kosasih" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[EMAIL PROTECTED]>
Sent: Thursday, December 02, 2004 11:42 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] ciamis, dongeng onom..
>
> Ieu mah mung sakaemutan kuring bae ti dongengan pun
> aki baheula, dongeng na teh kieu teh Ina...
> keur jaman baheula di Ciamis kidul wewengkon Lakbok
> aya rawa anu dipercanten ku penduduk dinya jadi puseur
> kerajaan siluman (onom). Anu matak muringkak bulu
> punduk teh ieu kerajaan sok ngayakeun pesta anu sok
> direuah-reuah sagala ku tatarian/tayu, kendang, goong,
> pokona mah ku penduduk dinya mindeng kadenge di tengah
> rawa eta teh siga urang biasa bae ilaharna lamun keur
> aya hajatan.
> Lamun kerajaan onom keur ngayakeun pesta, piring jeung
> gelas penduduk sabudeureun eta rawa sok aya
> dicirian/ditandaan gambar ku onom. Ciciren ieu tiasa
> katingal ku urang biasa oge, mung siga kumaha gambarna
> tacan terang kuring mah. Tah , lamun parabot makan
> urang geus diciran, eta teh tandana nuju ditambut ku
> kerajaan onom keur pesta aranjeuna.
> Mung duka leres duka henteu eta cariosan pun aki, da
> sim kuring oge tacan kantos ningal langsung kajadian
> anu kararitu. Mugia bae henteu ah..
> Harita teh, sok aya oge jelma anu ngelmu ka karajaan
> onom, anu matak baheula di bandung keur jaman nge-boys
> (taun 50-60 an) kungsi aya geng barudak ciamis anu
> dingaranan "Onom Boys" anu kawentar kana elmu
> kesaktianna na. Ceunah mah saurang oge moal eleh ku
> 100 urang.
> Tapi teuing ketang da ieu mah mung dongeng wungkul...
>
> baktos akos
>
>
> --- Ina Ratnawulan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > iiiih... alim atuh nu kitu mah..
> > hoyong soteh dongeng Onom ti Kang Tirta, sanes ti
> > Kang Onom-na langsung hiiiiiyyyyy.....
> >
> > ~ina
>
Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

