Atuh uyut Kang Waluya teh gaduh elmu kabatinan anu luhung. Kumaha kang elmuna disirepkeun ka akang? Pami tiasa mah punten kang eta onom-onom teh piwarang pesta (mun perelu mah sina dumuk) di Rancamaya Estate he....he....meungpeung ayeuna pan keur usum hujan tur dor dar gelap...
TCW
waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sanajan kuring urang Sumedang, tapi ari soal dongeng Onom mah
parantos ngadangu ti bubudak, dongengna pun Aki almarhum jeung para
sepuh di lembur kuring nu sayuswa jeung pun aki atawa saluhureunana.
Salah sahiji dongeng pun Aki nu masih keneh kaemut soal onom teh,
dongeng waktos pun Aki disunatan.
Uyut kuring (ramana pun Aki), cenah mah baheula teh tukang ngumbara
kamana-mana, ngalalana. Salah sahiji tempat nu sok dianjangan teh
nya daerah Lakbok. Duka dina perkawis naon uyut teh sering ngumbara,
ngan nu jelas mah anjeunna teh dipercaya ku urang lembur kuring boga
sobat para Onom ti Lakbok!.
Waktu pun Aki di sunatan (disabudeureun taun 1906-07), urang lembur
kuring pada kaget kulantaran loba tamu anu make dudukuy rada aneh,
beda model jeung dudukuy nu ilahar dipake di lembur kuring. Eta tamu
teh teu kaciri datangna jeung teu kaciri inditna, ngan waktu pas
hajatna "tamu" aneh teh jul-jol ararya. Ari kajadian aneh lainna,
waktu delman nu ditumpakan ku pun Aki (budak sunat) teu bisa naek
dina tanjakan ka imah da netek pisan, aya nu ngadorong ku jelema nu
dibubuligir ukur dicawet wungkul nepi ka tepina ka luhur. Eta
jelema teh teu puguh asalna, euweuh nu wawuh, ngan ceuk urang lembur
eta teh onom, ondangan uyut kuring.
Tah kitu dongeng Onom nganjang ka lembur kuring di Sumedang, duka
leres henteuna mah .........
-WALUYA-
--- In [EMAIL PROTECTED], akos kosasih <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
> Ieu mah mung sakaemutan kuring bae ti dongengan pun
> aki baheula, dongeng na teh kieu teh Ina...
> keur jaman baheula di Ciamis kidul wewengkon Lakbok
> aya rawa anu dipercanten ku penduduk dinya jadi puseur
> kerajaan siluman (onom). Anu matak muringkak bulu
> punduk teh ieu kerajaan sok ngayakeun pesta anu sok
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

