Leres Kang Akos. Terus terang sim kuring asa "heuras" teuing ku keukeuh kana ieu sikep. Ke urang caritakeun we nya asal muasalna, sugan we baraya surti tur ngahampurakeun kuring mun karasana siga adigung, sombong.
Ceuk inohong psikologi & manajemen cenah pikiran jeung kabiasaan teh nangtukeun hiji jalma rek kamana jeung jadi naon. Ieu mah hiji conto aplikasina. "Think like CEOs" cenah ceuk bule mah ka jalma nu hayang jadi boss perusahaan (CEO). Mun geus nyirepkeun diri kawas CEO tangtu dina sikep ngahargaan waktu, gaul jeung kolega jsb. disaluyukeun jeung tabiat unggul CEO. Ku kabiasaaan kabentuk imej (citra/image) jalma nu sigep tur siap mijah jadi CEO, jadi calon/kandidat pangkuatna kapilih. Ku cara mikir kitu, ayeuna mangga dikira-kira arahna kamana mun urang ngabiasakeun nyieun imej "buburuh", "ngored", "ngorehan" jste.
Baraya cenah salah sawios unsur nu ngawangun hasil sukses teh: jaringan (network) & kerjasama (digawe babarengan). Saratna tangtu kudu jelas & eces identitas sorangan. Ku sim kuring Kang Agus, Pakusarakan, Kang Rani oge Kang Akos pernah diered nepi ka jentre naon padamelanana. Hasilna geus boga panyawangan yen mun US rek maju jeung nyekel mass media ulah bireuk nyieun jaringan jeung Kang Rani nu kagungan spesialis media, Kang Nasir (Kisunda) nu icik ibung di Kompas jrrd. Mun US rek wedel dina widang IT tah asana mah loba baraya. Kang Agus Pakusarakan rek ngordinir US Jakarta nu di widang IT & Media. Targetna dina waktu 5 taun kahareup US kudu jadi sumber referensi di widang ICT, simpelna mah acara sapertos e-Life Style di Metro TV di "host" ku US.
Neda dihapunten ku capetang jeung heuras gengerong sim kuring. Asana mah di 5 taun kahareup geus kudu loba US nu "jaradi" babarengan, lain sosoranganan kawas nu salila ieu dicapkeun ka US senior. Tapi ceuk sababaraha US Senior alatan maranehna teu "ngader" adi-adina teh nya eta US Junior teh teu kaciri kabisana da sok laku handap asor, papaehan, dodongkoan. Antukna kawas ngala lauk, nu kasair teh lain lauk US tapi seler sejen.
Salam kadeudeuh
tirtaCW
akos kosasih <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Punten kang Dhan,
ayeuna mah di lembur teu kenging deui nyebat-nyebat
"Buburuh" "Ngored" "Ngarambet" ka padamelan urang teh.
Urang kedah nyebatkeun sing jentre naon
pakasaban/padamelan urang saleresna. Saha terang engke
aya baraya sanes anu nuju milarian pi-padamel-eun,
pi-minantu-eun, boa-boa aya pi-bisnis-eun, lapur
atuh...
Leres kitu teh, kang Tirta?
baktos akos
* engke lamun aya kopdar poean damel di jakarta, urang
sasarengan kadituna ti bekasi, mung kedah siap
sasalinan. mondok bae di rorompok, upami di widian ku
tuang bojo mah. resep geura ngobrol sapeuting juput.
--- Dhanny Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> ti Panawangan. Ayeuna abi nuju "buburuh" di
Perusahaan
> Korea di Cibitung.
Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

