Wilujeng kenging titipan ti Allah kituh ka tuang raka na Mpup,ti kuring
sakulawarga mugia sing janten anak anu Sholeh tur pinter, babakti ka ibu
ramana, takwa ka Allah Swt. Amiin...

Mugia sing disehatkeun sing enggal tiasa ngempeul sareng ibu ramana..
cenahmah mun orok pas lahir langsung nangis eta teh Sehat.. da mun teu
nangis teh sok dipilarian cara ngarah budak nangis... 

sugan wee ateuh Neng Mpup sareng kang Kumi, engkena Cekgur... Clup borojol
tea... heheheee...

Baktosna,
* Ti baheula resep ka orok, nepikeun ka boga orok sorangan... orokna
tatangga sok angger keneh ngenta dipangku... Budakmah ngarti meureun yen
uing teh pinuh ku kasih sayang... hehehheeee

-----Original Message-----
From: Mpup [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Friday, December 03, 2004 10:54 AM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: [Urang Sunda] (alo anyar)




Maca postingan kang Dur, janten emut! Kuring boga alo anyar, wengi 
tadi kinten2 tabuh 23.35an, garwana kilanceuk nu ka-3, ngalahirkeun 
ku jalan sesar.. Saleresnamah numutkeun etang2an dokter, ke 
saminggoneun deui, antawis ping 9-12 Des, ari kamari kaleresan cek-
ap, pek teh diparios kaayaan indungna darah tinggi dugi ka teu 
lungsur2, jaba posisi orok kabeulit leherna ku tali ari-ari, nya 
ahirna dokter mutuskeun, yen kudu buru2 sesar sabab cikahampanganna 
tos pacampur jeung getih.... atuhhhhhhhhhhhhhhhhhhhhh riweuh di bumi 
teh, punbiang langsung ka RS.. nya sesar, orokna pameget, beuratna 
1,85, ceurikna gogoakan tarik pisan, mani jenger, keurmah eukeur 
tengah peuting jemplang-jempling.. cnah kudu cicing heula di RS dugi 
ka 2kg beurat orokna..  
Duka tah ayeuna, naha indungna geus bisa hitut?? Salami teu acan 
tiasa bobos mah, teu kenging eueut2 acan, komo barang tuang mah!!


~ipup~
(rek pangantenan boga alo anyar)


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke