--- "Z.A. Muslim" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Alalajrih teuing sim kuring nu suwung panemu tuna
> pangabisa dileler janten dewan pakar mah. Entong 
> sagawayah ah! Tah upami Mama manAR, Abah Willy, Ua 
> Sas, MJ, oge Kang Hasan, cocog sareng lelembutan.

puguh abdi kabita ku guaran kang zam masalah bahasan
kaislaman. kumargi kitu jigana bakal langkung sae
upama kang zam posting perkara kaislaman, misalna tiap
dinten jumaah kituh. ari abdi mah teu acan cocok
janten pakar mah, upama fakir mah nembe cocok. hehe.

> Namung, ala kulli hal, saena mah diskusi Kusnet
> diantep ngaguluyur bae. Teu kedah ditangtoskeun
jejer 
> wacana-na. Komo deui nganggo pakar-pakaran sagala.
> Upami aya "pakar", tangtosna oge aya "awam"-na.
> Pangemut sim kuring urang sami-sami bae nyiar luang 
> ti papada urang ngalangkungan diskusi nu spontan
> ngaguluyur. Anapon perkawis jejer mah, apanan
> parantos diserat dina "subject".

ari maksad kuring saleresna mah sederhana. maksadna
kieu, contona perkawis basa sunda. jigana upama secara
berkala aya postingan perkara kabahasaan, meureun
pangaweruh kabahasaan urang teh baris nambahan. boh
masalah tatabasa, kosakata, gayabasa, jeung sajabina.
kitu deui perkawis anu sanesna. misalna masalah
geografi tatar sunda, sajarah tatar sunda, sareng
nusanesna. janten selang-selang ngobrol ngaler-ngidul
sadidinten, aya tambihan pangaweruh praktis. 

salam,
mh
 



                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
Take Yahoo! Mail with you! Get it on your mobile phone. 
http://mobile.yahoo.com/maildemo 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke