Baraya,
Akhir-akhir ieu kacilakaan atawa bancangpakewuh (B. Ind. bencana) wuwuh mindeng kapiresep. Ti mimiti kacilakaan kandaraan di jalan raya, di angkasa (kapal udara), jeung di laut (kaasup "pencemaran" lingkungan laut), geus ngarupakeun beja anu jadi biasa, kapiresep, kabaca atawa katempo unggal poe; boh tina koran, radio, tv atawa media sejena. Kaasup kasus TPS Bojong-Bogor. Oge moal kaluli- luli, "kacilakaan" sejena anu mawa korban harta gede nakeranan, koropsi tea, mimiti pating boleklak, nembongkeun kawirangna anu salila ieu dipidingan. Sajaba ti eta, kabireungeuh deui tina data anu pating pucunghul, kayaning data kasehatan jeung laporan ti anu tugas kaamanan anu geus mimiti rancingeus, loba hal anu nandakeun pibahlaeun. Upamana bae, jumlah anu katerap panyakit AIDS di urang ayeuna geus tepi kana angka 130.000, lolobana, punten, di Jakarta, Sorong (Papua), jeung di Solo, Jateng. Atuh sababaraha waktu ka tukang patugas bandara newak anu arek nyusupkeun barang ilegal, pangajen mangjuta-juta; jeung baris ngalumpuhkeun ekonomi patani jeung sektor riil di urang (diantara anu disusupkeun teh taya lian ti cengkeh). Anu katewak arek nyusupkeun barang sakitu lobana siga anu ngabejaan yen salila ieu peta kitu teh geus mindeng kajadian bari heunteu kanyahoan. Naha ari di urang asa ku mindeng-mindeng teuing kacilakaan atawa kajadian pibahlaeun sarupa kitu? Upama ditilik masing telik, kasang tukangna teh teu aya lian iwal ti budaya jeung moral bangsa urang anu geus sakitu morosotna. Pangwangunan salila 30 taun leuwih nyoko ukur kana udagan kabandaan. Akibatna, moral morosot, budaya kasisikeun, korupsi mahabu. Akibat korupsi, katurug kaparincuk, etika tambah morosot (mental supir, etika kahirupan sapopoe, "pelayanan umum" ngagejret), nya infrastruktur amburadul (kondisi jalan rusak, nyieun rawayan kamari diwangun, isukna jebol, kandaraan teu aya andelkeuneun dalah ka kapal udara oge sakitu epes meerna). Kasus kacilakaan kapal terbang Lion Star ngarupakeun hiji conto. Oge meunang beja, hasil panalungtikan, yen rawayan (jembatan) Ampera, salah sahiji "landmark" P. Sumatera di Kota Palembang, dibalitungkeun baris potong di tengah-tengah upama rahayat di sabudeureun eta lokasi heunteu ngeureunan kabiasaan goreng, punten, kiih (pipis) di lebah tihang eta jambatan. Kahirupan salila 32 taun leuwih anu ditandaan ku loba semu jeung dapon beres (utamana nyoko kana manajemen kuitansi, asal geus aya kuitansi sagala rupa tanggungjawab beres; pagawean anu kudu puguh balitungan tanggungjawab dianggap beres). Upama di nagara maju moral anu nyirorot teh kulantaran pola hirup anu liberal, tapi infrasturktur mah heunteu milu rusak. Di urang mah duanana, nya moral/budaya, nya infrastruktur anu ruksak teh. Akibatna, ayeuna, dina mangsana aya kasadaran pikeun nanjeurkeun deui tangtungan bangsa, kaayaan moral minangka modal utama jeung infrastruktur minangka sarana pikeun ka dinya, geus sakieu rusakna. Aya kamelang, moal boa dina mangsa ayeuna tepi ka sababaraha taun ka hareup urang baris asup kana mangsa "panen kacilakaan kulantaran polah sorangan" samemehna. Nun Gusti, bararaid teuing; basa pasantrena mah "na'udzubillaahi min dzaalik", mugi Gusti nyinglar tina kajadian sarupa kitu. Kumaha atuh tarekahna pikeun nyinglar sagala rupa bancangpakewuh? Aya dua hal sigana anu bisa dilakukeun. Anu kahiji, keur kasalametan diri sewang-sewangan. Anu kadua, usaha-usaha kamsyarakata anu kudu dilakukeun, sabab sanajan diri sorangan salamet, tetep bae kasalemtan masyarakat pohara pentingna. Masyarakat anu epes meer kana keuna ku bancangpakewuh lila-lila mah baris mangaruhan ka psikologis diri pribadi sewang-sewangan. Anu saralamet jadi heunteu weleh sieun jeung palalaur. Arek indit-inditan make beus, paur tabrakan di jalan, make kapal udara, sieun tikosewad dina keur "landing"; boga budak geus manjing dewasa, palaur keuna ku narkoba dina campur gaul jeung babaturanana, jst. Antukna timbul silih tuduh jeung teu pati percaya ka saha jeung kana naon bae oge, kaasup kana sarana jeung prasarana beunang nyieun bangsa sorangan. Hiji kaayaan anu kacida matak nalangsana, lamu urang geus teu percaya kana naon bae anu katingal, kasanghareupan jeung tumiba ka urang. Kaayaan "teralineasi" tea disebutna teh anu antukna baris nuwuhkeun "midua kapribadian" (split personality). Split personality atawa kapribadian ganda (lain kapribadian bogana mang Ganda ieu mah), tapi bener-bener jiwa anu beulah alias midua. Upamana bae, di kantor sumuhun dawuh migawean tugas anu diparentahkeun ku atasan, tapi dina hate mah cangcaya: "Ah, ti heula- ti heula oge nu kieu teh ukur lipservice, alias isepan jempol da tara ieuh aya lajuninglakuna". Eta teh lain kana tugas di kantor bae, pon kitu keneh kana sarupa undang-undang jeung naon rupa kawijakan pangwangunan ti pamerantah. Split personality diparajian ku alatan geus teu aya kapercayaan ka pamerantah, tapi teu wani protes (loba teuing jeung wani teuing protes palias nasib siga pahlawan Munir, upamana). Anu kahiji, tarekah teh, sakumah wasiat tina tradisi, ngalobakeun sidqoh atawa mere maweh ka sasama dibarengan ku do'a. Anu kadua, panyinglar anu sifatna sosial atawa keur balarea, taya lian iwal ti "amar ma'ruf nahyi munkar" tea. Kumaha gedena kakuatan sidqoh dina nyinglarkeun bahala, Kang Zam tiasa langkung anteb ngaguarna. Mangga Kang, dihaturanan. Anapon anu kaasup usaha kadua, diantarana bae nya ku ngamimitian budaya anti korupsi tea. Cag heula, rumasa panjang teuing. Baktosna, manAR ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> $9.95 domain names from Yahoo!. Register anything. http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

