Ass wr wb
Paralun maklum kasuhun kasadayana, sanes agul ku payung butut, da payung na oge barurutut. Ieu mah ngan saestu ku panasaran kuring ngeunaan Sunda wiwitan
Baraya Kusnet Pribados teh pernah maca buku karangan Kusnaka nu Judulna teh "Kasepuhan yang hidup di Halimun" mun teu lepat ma. Tah didinya teh dijabarkan ngeunaan Masyarakat Adat Sunda nu aya keneh mung teu lepat mah dibagi katilu : Pancer Mandiri, Pancer Pangawinan, jeung Sasaka Domas. Tah basa kuring rada husu maca didinya aya seratan ngeunaan Syahadat Sunda :
Asyhadu Sahadat Sunda,Jaman Allah ngan sorangan, kaduana Nabi Muhammad nu cicing di bumi, Anggarincing nu calikna di alam keueung, Ngacacang di alam mokaha, Salamet umat Muhammad.
Tah nu kukuring rada kahartos mah, mun teu leupay teh Urang Kanekes (Baduy) teh agemanna teh Sunda Wiwitan, da basa pribados turun-gunung unggah gunung ka Kanekes teh basa ngobrol jeung Jaro jeung Urang Kasepuhan, pokpokanan teh "Da kamimah Umatna nabi Adam ... " ceuk jaro na teh, teras lamun enya Urang Baduy agamana Hindu-Sunda meuren seur menyan, da basa ngalongok ka cikeusik-Cibeo-Cikertawarna , teu aya hiji acan bau-bau meunyan, tah teras urang Kanekes teh kedah disundatan, apanan aya istilahna teh Ngeslamkeun. Tah nujadi seur tarosan kumna mah keur urang sadayana, naha urang kanekes teh tos aya asimilasi sareng Islam, atawa ageuman baheulana teh tinu SKS (Siksa Kandang Karesian) nu diajarkeun ku Prabu Siliwangi teh Purba Jati - Purba Sari .. teh cakeut pisan ka Islam, apanan sifat siliwangi teh silih ngawawangikeun.
Hatur nuhun kasadayana bilih aya seratan nu lepat punten pang ngarobihkeun da Sajarah teh seur pacampur sareng Mitos,babad.
Wassalam ([EMAIL PROTECTED])
Win a castle for NYE with your mates and Yahoo! Messenger
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

