Kayaknya asikkk.....tapi abdimah damel euy...sedihhhhh.....

Ikmal <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Hatur nuhun kang rani kana wartosna, kumaha baraya. saha wae nu bade ka
UI depok teh?
salam,
ikmal

MRachmat Rawyani wrote:

>ka Kang Tirta miwah para wargi sadaya Kusnet Jakarta,
>hapunten nembe tiasa ngawaleran  ayeuna perkawis
>kempel-kempel ping 11 Desember.
>Insya allah sim kuring nyayagian tempat kanggo acara
>anu dimaksad.
>
>Ari rencana kuring mah kieu. Pami tiasa mah
>sarumpingna teh enjing-enjing, tabuh tujuh tos aya di
>Kampus Depok, bari nyandak perlengkapan olahraga.
>Ancer-ancerna lapangan parkir Gedung Pusat
>administrasi Universitas Indonesia/gedung Rektorat.
>Teras urang jalan-jalan (joging) bari ngawangkong.
>(Ari ngobrol bari jalan-jalan teh naon namina nya?).
>Upami masih enjing mah udarana teh masih seger, teu
>acan patos seueur jalmi. Upami cape, tiasa mampir di
>kantin fakultas (kantun milih fakultas mana wae),
>biasana ari dinten sabtu mah aya sababara fakultas anu
>ngayakeun perkuliahan kanggo mahasiswa D3 sareng
>Ekstensi. Upami aya waktos urang ningali kebon obat
>sareng proses ngadamel minuman Kavera di caket kampus
>FMIPA. Upami bade "cuci mata" ningali nu
>mencrang-mencrang, joging atanapi nongkrongna di kafe
>TAKOR (taman Korea) FISIP, almamater kuring. Upami teu
>lepat mah aya Diah Permatasari (pemain sinetron Bajaj
>Bajuri), kuliah di Ekstensi FISIP.
>Upami hujan, ngawangkongna di kantor sim kuring wae,
>di lantai 7 Gedung Rektorat, bari ningali pamandangan
>kampus Depok. Tiasa dikontak sim kuring di 0815 99
>25854.
>
>Upami nyandak kendaraan nyalira, patokanana nya eta
>Rektorat tea. Upamiken naek kendaraan umum, KRL tiasa
>lungsur di stasiun pondok Cina, Upami ngangge
>beus/mikrolet lungsurna di Gunadarma/kapuk, atanapi
>Pondok Cina. Bade mapah tiasa, naek ojek oge tiasa
>mung Rp 2000,
>Taroskeun wae ka Satpam, Pa Rachmat anu damelna di
>Direktorat PPSI.
>Sumangga diantos di kampus Depok.
>
>
>baktosna,
>
>mrachmatrawyani
>

>




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Do you Yahoo!?
Take Yahoo! Mail with you! Get it on your mobile phone.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke