Tadina mah, jumat sabtu minggu senen salasa teh bade mudik, daaa bapak teu damang, tapi bapak teh pesen kamari teh uihna cenah ke weee taun baru... atuh jadi mikir2 deui......cuti dua dinten tos di approve, aduh siah rek kaman ieuh..senen salasa... paling kabandung.
Tah kang yani , insyaAlloh pami teu aya pamengan sbtu abdi bade ngiringan ka UI depok teh, kaci? saha wee anu bade sumping teh?..abdi mah paling kana kareta ti cawang..ameh teu macet...biasa padedet2......teras kang yani tabuh sabaraha ngempelna?
 
Kang kamari aya pangalaman basa uih ti depok teh.....
Abdi dugi ka slipi sonten pisan tabuh 6.40-an basa kang yani sms tea...teras nyegat beus..pinuh wae...mana langki psian deui...ah naek weee patas reguler.. anu tereh, abdi kabagean nangtung di pengkereun jok pang pengkerna....padedet2 deui...heug teh.. aya anu gusak gesek wee di tunkangeun gigilisiran..ontolohod teh siah ceuk pikir.....,mani asa rarisiiiihhh.keuheuull ....teu lila malik we abdi teh ngahareupan manehna...sok wani mah siah ayeuna cek teh.....di pencrong wee ku abdi teh. balieur we manehna teh...rada ised.
 
 
Nia
-----Original Message-----
From: tia kecil [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Tuesday, December 07, 2004 10:30 AM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: Re: [Urang Sunda] Ping 11 desember tea

Kayaknya asikkk.....tapi abdimah damel euy...sedihhhhh.....

Ikmal <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Hatur nuhun kang rani kana wartosna, kumaha baraya. saha wae nu bade ka
UI depok teh?
salam,
ikmal

MRachmat Rawyani wrote:

>ka Kang Tirta miwah para wargi sadaya Kusnet Jakarta,
>hapunten nembe tiasa ngawaleran  ayeuna perkawis
>kempel-kempel ping 11 Desember.
>Insya allah sim kuring nyayagian tempat kanggo acara
>anu dimaksad.
>
>Ari rencana kuring mah kieu. Pami tiasa mah
>sarumpingna teh enjing-enjing, tabuh tujuh tos aya di
>Kampus Depok, bari nyandak perlengkapan olahraga.
>Ancer-ancerna lapangan parkir Gedung Pusat
>administrasi Universitas Indonesia/gedung Rektorat.
>Teras urang jalan-jalan (joging) bari ngawangkong.
>(Ari ngobrol bari jalan-jalan teh naon namina nya?).
>Upami masih enjing mah udarana teh masih seger, teu
>acan patos seueur jalmi. Upami cape, tiasa mampir di
>kantin fakultas (kantun milih fakultas mana wae),
>biasana ari dinten sabtu mah aya sababara fakultas anu
>ngayakeun perkuliahan kanggo mahasiswa D3 sareng
>Ekstensi. Upami aya waktos urang ningali kebon obat
>sareng proses ngadamel minuman Kavera di caket kampus
>FMIPA. Upami bade "cuci mata" ningali nu
>mencrang-mencrang, joging atanapi nongkrongna di kafe
>TAKOR (taman Korea) FISIP, almamater kuring. Upami teu
>lepat mah aya Diah Permatasari (pemain sinetron Bajaj
>Bajuri), kuliah di Ekstensi FISIP.
>Upami hujan, ngawangkongna di kantor sim kuring wae,
>di lantai 7 Gedung Rektorat, bari ningali pamandangan
>kampus Depok. Tiasa dikontak sim kuring di 0815 99
>25854.
>
>Upami nyandak kendaraan nyalira, patokanana nya eta
>Rektorat tea. Upamiken naek kendaraan umum, KRL tiasa
>lungsur di stasiun pondok Cina, Upami ngangge
>beus/mikrolet lungsurna di Gunadarma/kapuk, atanapi
>Pondok Cina. Bade mapah tiasa, naek ojek oge tiasa
>mung Rp 2000,
>Taroskeun wae ka Satpam, Pa Rachmat anu damelna di
>Direktorat PPSI.
>Sumangga diantos di kampus Depok.
>
>
>baktosna,
>
>mrachmatrawyani
>

>




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Do you Yahoo!?
Take Yahoo! Mail with you! Get it on your mobile phone.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke