Sigana, baraya Kusnet anu ngenalkeun maneh  paling
kumplit pisan mah, nembe dingawitan ku Kang Ali yeuh.

Bagea Kang Ali, kuring pun M Rachmat Rawyani (46),
kalahiran Majalengka, dumuk di Depok, damel janten
Karyawan di Pusat Adminnsitrasi UI Depok. Pun Bojo
(Lieska Prasetya) urang Cianjur, damel di Kementrian
Pemberdayaan Perempuan, tos aya batian dua, si cikal
lalaki (8), si bungsu awewe (7).

Sok sanaos pun biang ayeuna nganjrek di Kadipaten,
tapi urang majalengka mah, masih tiasa dicukcruk
jujutanana. Palih mana di Majalengkana, teras, alm.
Camat Arnali teh dimana dinesna sareng tahun sabaraha.
Punten yeuh rada taliti, sok bilih bisi atanapi
boa-boa kuring kenal. Di milis ieu oge aya Kang Jaka
SMA na di Majalengka, pasti kenal sareng para
alumnina.

Atuh di HI FISIP Unpad, aya dulur kuring, Teguh
Nadjib,anu katelah Teguh Bratawiguna (pun paman) anu
ayeuna ngadosen oge di almamaterna.

Mangga Kang Ali Cuang ramekeun milis Kusnet ieu.


baktosna,


mrachmatrawyani

--- ali_ramadhan ramadhan <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:

> 
> Assalaamualaikum wr. wb.
> 
> Nepangkeun wasta pun Ali Ramadhan. Yuswa 41 taun.
> Ari
> lahir mah di Bandung. Ti taun 1966-1969 ngiring ka
> pun
> Bapa Kol. Bustomi Burhanuddin, tugas Atase Militer
> di
> Manila. Nanging ti barang dikantunkeun maot nyaeta
> ti
> kelas 2 SD dugi ka SMA (1970-1981) ngiring ka pun
> biang Ibu Eharetna Burhanuddin mulih ka kota asalna
> :
> Majalengka. Ari ditanya pituin ti mana, sim kuring
> sok
> ngajawab ti Majalengka bae.Lamun disaha-saha ku
> kasepuhan di Majalengka, sim kuring sok ngaku 
> incuna
> alm. Bapa Camat Arnali. Tah, moal bireuk deui. 


                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
All your favorites on one personal page � Try My Yahoo!
http://my.yahoo.com 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke