Kang Yani,...
Punten ah moal cios....daa geuning bade naringali anu mencrang2....moal ah abdi 
mah moal ngiringan...wios bade goledag deui wae.... :))....sanes waktos wae 
panginten...

Nia

-----Original Message-----
From: MRachmat Rawyani [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Tuesday, December 07, 2004 9:05 AM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: [Urang Sunda] Ping 11 desember tea



ka Kang Tirta miwah para wargi sadaya Kusnet Jakarta,
hapunten nembe tiasa ngawaleran  ayeuna perkawis
kempel-kempel ping 11 Desember.
Insya allah sim kuring nyayagian tempat kanggo acara
anu dimaksad.

Ari rencana kuring mah kieu. Pami tiasa mah
sarumpingna teh enjing-enjing, tabuh tujuh tos aya di
Kampus Depok, bari nyandak perlengkapan olahraga.
Ancer-ancerna lapangan parkir Gedung Pusat
administrasi Universitas Indonesia/gedung Rektorat.
Teras urang jalan-jalan (joging) bari ngawangkong.
(Ari ngobrol bari jalan-jalan teh naon namina nya?).
Upami masih enjing mah udarana teh masih seger, teu
acan patos seueur jalmi. Upami cape, tiasa mampir di
kantin fakultas (kantun milih fakultas mana wae),
biasana ari dinten sabtu mah aya sababara fakultas anu
ngayakeun perkuliahan kanggo mahasiswa D3 sareng
Ekstensi. Upami aya waktos urang ningali kebon obat
sareng proses ngadamel minuman Kavera di caket kampus
FMIPA. Upami bade "cuci mata" ningali nu
mencrang-mencrang, joging atanapi nongkrongna di kafe
TAKOR (taman Korea) FISIP, almamater kuring. Upami teu
lepat mah aya Diah Permatasari (pemain sinetron Bajaj
Bajuri), kuliah di Ekstensi FISIP.
Upami hujan, ngawangkongna di kantor sim kuring wae,
di lantai 7 Gedung Rektorat, bari ningali pamandangan
kampus Depok. Tiasa dikontak sim kuring di 0815 99
25854.

Upami nyandak kendaraan nyalira, patokanana nya eta
Rektorat tea. Upamiken naek kendaraan umum, KRL tiasa
lungsur di stasiun pondok Cina, Upami ngangge
beus/mikrolet lungsurna di Gunadarma/kapuk, atanapi
Pondok Cina. Bade mapah tiasa, naek ojek oge tiasa
mung Rp 2000,
Taroskeun wae ka Satpam, Pa Rachmat anu damelna di
Direktorat PPSI.
Sumangga diantos di kampus Depok.


baktosna,

mrachmatrawyani


--- "Agus Kurniawan \"PAKUSARAKAN\""
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> sip lah... dinten saptu ping 11 desember nya''
> isuk2na tabuh sbaraha
> wanci pecat sawed atawa kumaha tah?
> 
> 
> 
> On Mon, 06 Dec 2004 09:17:10 -0000, ndoell
> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > 
> > 
> > Urang Depok di Kusnet teh pami teu lepat mah aya :
> > Abdi, Kang Rachmat, Mang Deni Subekti, Teh Ina
> Ratnawulan;
> > 
> > Supados rada salse mah, enjing2 we. Pami tos siang
> teh, hawatos
> > di jalana kanu tebih, komo kanu nyandak kendaraan
> nyalira mah,
> > macetna kacida! Tos teu benten sareng kota ageung
> ayeuna mah di Depok
> > teh.
> > 
> > Jadi minggu payun prungna teh ?
> > 
> > Baktos,
> > Nanang



                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
Yahoo! Mail - now with 250MB free storage. Learn more.
http://info.mail.yahoo.com/mail_250



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links



 





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke