Kang Agus, 

Ngiring belasungkawa kana naon anu karandapan ku salira. Satemenna 
eta teh pasoalan urang sadaya, warga Tatar Sunda. Wewengkon 
Parahiyangan, anu cenah diciptakeunana oge nalika 
Pangeran "ngagelenyu imut", tina bakating ku endahna, ayeuna sigana, 
kari beja jeung carita baheula.

Samemehna, mikatineung ka wewengkon Cicalengka, kulantaran 
sababaraha hal. Kahiji, sabab nya ieu patempatan patilasan karajaan 
Kendan anu mimiti nyangkaruk dina ingetan, mimiti jadi kacinta ati 
di sagigireun banjar karang pamidangan sorangan di Galuh. Siga 
heunteu sapira muasalna mah, eta jalaran mangsa keur sakol dasar 
(SD), anu jadi bahan bacaan basa Sunda teh "Taman Pamekar" tea. Apan 
anu ngarang eta buku teh Samsudi sareng Sanusi (dua SS), nyandak 
Cicalengka salaku kasang tukang jeung tempat "tokoh-tokoh" anu 
dicaritakeun dina eta buku kajadian. Enya, Isah, Aman, Ade jeung 
balad-baladna, putrana padamel Statsiun KA Cicalengka. Kacinta ka 
wewengkon Tatar Sunda katambahan, ti sagigireun nao rupa anu 
kasaksian jeung ka alaman di wewengkon Galuh, lamping kaler G. 
Syawal, oge pangalaman Isah, Aman, Ade jeung balad-baladna sakumaha 
anu dicaritakeun ku dua SS dina buku Taman Pamekar. Taman Pamekar, 
estuning ngarupakeun hiji buku anu kuat dina nyaritakeun kaayaan 
lingkungan anu khas, hiji catetan manusa anu cinta ka lingkunganana.

Kaduana, kabehdieunakeun, geuning seueur pisan anu ngaabadikeun 
lingkungan Cicalengka anu endah dina karya-karya seni, khususna 
senis sastra. Upamana bae, karya-karya Teh Aam Amilia jeung curug 
sindulangna, oge Kang Wahyu Wibisana dina salah sahiji rumpaka kawih 
gawe bareng sareng Mang Koko. Enya tetela, teu nyalahan baheula 
karuhun, ngajadikeun Cicalengka (Kendan) salaku daerah "transit" 
samemeh bubuara di wewengkon Galuh.

Katiluna, kabehdieunakeun, beuki pansasaran bae ka taneuh 
Cicalengka, aya naon dina cai taneuhna, bet bisa "ngahasilkeun" 
sababaraha bentang dina widang kaelmuan. Sebat bae, Kang Jalal 
sareng Kang Chaedar Al-Wasilah. Duanana kawentar dina widangna 
masing-masing, khususna komunikasi sareng linguistik, lain bae di 
tataran nasional, tapi oge internasional. Tangtuna oge Cicalengka 
ngagduhan potensi ngalahirkeun bentang-bentang kahirupan, tuladaneun.

Ayeuna, sakumaha anu dicarioskeun ku salira, Cicalengka parantos 
sakitu pikamelangeunana. Sanes bae Cicalengka satemenna, tapi ampir 
sadaya lingkungan di Bandung parantos sakumaha anu dicarioskeun ku 
salira. Sakapeung sorangan oge sok ngarasa hoream indit-inditan jero 
kota Bandung teh, eta seunggah ku macet jeung panasna hawa. Ari teu 
perlu-perlu teuing mah, mendingan numpi bae di imah atawa "lembur" 
di kantor anu sabudeureunana masih liuh ku tatangkalan baradag.

Kumaha ketak urang ka payun? mangga, nya ieu PR anu sakitu ageungna. 
Bade ti mana jeung kumaha ngawitanana, nyanggakeun ka sadayana.

Baktosna,
manAR

 




 
--- In [EMAIL PROTECTED], "Agus Mth" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Hapunten kasadayana, sim kuring rek cumarita ka balarea.
>  

> Nelengnengkung..nelengnengkung....kuring teu bisa balik ka Bandung
>  
> Surabaya, 22 Nop2004
>  
> Agus Muthoharun





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke