Waas nya Kang saupami maos deui eta buku. Sim Kuring kenging pelajaran "Taman Pamekar" teh, oge "Pamekar Basa", kinten-kinten taun 77-78, waktos kelas 3-4 SD. Sasat parantos langkung ti 25 taun kapengker, nanging masih keneh ngalangkang dina ingetan. Dina eta buku TP aya sub judul "Nyaba ka Ibun", nyaritakeun lalampahan Aman jeung babaturanana ngeusian pakanci sakola ku nyaba ti Cicalengka ka Ibun, badarat, teu tutunggangan. Waktos kuliah, kinten-kinten taun 90-an, sim kuring nyobian napak tilas eta lalampahan ki Aman, geuning pohara lamparna ! cacak-cacak disorang ku motor super-cub taun 82 mopona dugi ka dua kali, komo upami badarat.
(Punten ah rada mengpar tina jejer "Nelengnengkung") tansah, zam ----- Original Message ----- From: "Oman Abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[EMAIL PROTECTED]> Sent: Tuesday, December 07, 2004 1:17 PM Subject: [Urang Sunda] Re: Nelengnengkung ........................... Siga > heunteu sapira muasalna mah, eta jalaran mangsa keur sakol dasar > (SD), anu jadi bahan bacaan basa Sunda teh "Taman Pamekar" tea. Apan > anu ngarang eta buku teh Samsudi sareng Sanusi (dua SS), nyandak > Cicalengka salaku kasang tukang jeung tempat "tokoh-tokoh" anu > dicaritakeun dina eta buku kajadian. Enya, Isah, Aman, Ade jeung > balad-baladna, putrana padamel Statsiun KA Cicalengka. Kacinta ka > wewengkon Tatar Sunda katambahan, ti sagigireun nao rupa anu > kasaksian jeung ka alaman di wewengkon Galuh, lamping kaler G. > Syawal, oge pangalaman Isah, Aman, Ade jeung balad-baladna sakumaha > anu dicaritakeun ku dua SS dina buku Taman Pamekar. Taman Pamekar, > estuning ngarupakeun hiji buku anu kuat dina nyaritakeun kaayaan > lingkungan anu khas, hiji catetan manusa anu cinta ka lingkunganana. ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> $4.98 domain names from Yahoo!. Register anything. http://us.click.yahoo.com/Q7_YsB/neXJAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

