Wa'alaikumsalam...wr, wb.
haturan Ua Ali...(ngarah sami sareng Ua Sas nya /pak mamat tea),
euleuh mani merele kitu...beu...! nepangkeun oge sim abdi Boim alias
Iim kawit sumedang ok sanajan lahir di bandung, ayeuna nuju
bumen-bumen di dayeuh bandung anu heurin ku urang peuntas...heheh.
pami dumuk sim abdi teh di Jl.paledang no.45A Cibeureum Bandung, ari
pakulian mah di Jl. Trunojoyo No.26 Bandung.

Cag..ah,

BM'69

--- In [EMAIL PROTECTED], ali_ramadhan ramadhan
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> Assalaamualaikum wr. wb.
> 
> Nepangkeun wasta pun Ali Ramadhan. Yuswa 41 taun. Ari
> lahir mah di Bandung. Ti taun 1966-1969 ngiring ka pun
> Bapa Kol. Bustomi Burhanuddin, tugas Atase Militer di
> Manila. Nanging ti barang dikantunkeun maot nyaeta ti
> kelas 2 SD dugi ka SMA (1970-1981) ngiring ka pun
> biang Ibu Eharetna Burhanuddin mulih ka kota asalna :
> Majalengka. Ari ditanya pituin ti mana, sim kuring sok
> ngajawab ti Majalengka bae.Lamun disaha-saha ku
> kasepuhan di Majalengka, sim kuring sok ngaku  incuna
> alm. Bapa Camat Arnali. Tah, moal bireuk deui. Dina
> taun 1981 sim kuring balik deui ka Bandung, tolabul
> ilmi di Fisip jurusan HI Unpad. Samemehna kungsi di
> Akpernas (ayeuna Unbar) mung teu dugi ka rengse. Ti
> saprakna lulus ti Unpad, sim kuring jadi kuli di
> Asuransi Bumiputera (1988), Hotel Kumala (1989-1994),
> Developer Raya Incorp (katelahna PT Margahayu Raya
> tea) (1994-2001). Ti taun 1998 nepi ka ayeuna sim
> kuring ngahonor jadi "Umar Bakri" di sababaraha
> paguron di antarana : Poltek LP3i di Jl. Pahlawan,
> Poltek LPKIA di Jl. Soekarno Hatta sareng di Poltek
> Ganesha/STIE PN.Sim kuring ku Gusti dipaparin dua anak
> awewe, duanana can sarakola, ma'lum kakara umur dua
> jeung tilu taun. (Bubuhan telat kawin jeung eta deui
> dicoba ku Nu Agung, tujuh taun ngantosan si utun
> injina teh.) Ari pun bojo mah wasta pun Endah, angger
> hiji bae.. he, he.. (alhamdulillah ketah). Sim kuring
> resep kana Basa Sunda ti bubudak keneh. Ari ayeuna mah
> sok kapapancenan jadi MC atawa wawakil ti kulawarga
> pikeun nepikeun biantara (kawas Andi Mallarangeng-na
> dina kapresidenan SBY) khususna dina acara ngalamar,
> syukuran jrrd. Alamat sim kuring sakulawarga di Jl.
> Margawangi Selatan IV/196. Caket bumina Kang Ibing
> sareng Pa Mamat (nu gaduh Rumah Baca tea). Tah sakitu
> anu patalina sareng diri sim kuring. Manawi tiasa
> nyambungkeun tali silaturahmi sareng anggota Kusnet
> sanesna. Diantos pisan. Mangga. Wassalamu'alaikum wr.
> wb.     
> 
> ________________________________________________________________________
> Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" 
> your friends today! Download Messenger Now 
> http://uk.messenger.yahoo.com/download/index.html





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$4.98 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/Q7_YsB/neXJAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke