KURING JEUNG BAKTERI
Geus lila hayang reureuh
na lelemah Luria Bertani
hayang ngasaan seungitna kaldu
nu nyambuang sataman Erlen
kuring ngeunah tumaninah
bebetah di lembur Niche
kahirupan teuing ku heureut
antara jam-jaman
lamun untung popoean
sakapeung teu kungsi meuntas
antara liliwatan lebah spora
teu kungsi rengse meunang metabolit
kaburu paragat
Emh...raganing leutik
nu teu walakaya
sanajan nu ngadalang
dina pabaliutna kahirupan
anger teu marudah
teu ngoceak teu jumerit
boa teu kungsi korupsi
siga durjana narupaning manusa
Yaya Rukayadi
(Rebo, 08 Desember 2004. Tungtung Seoul)
__________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - You care about security. So do we.
http://promotions.yahoo.com/new_mail
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/