Inget keur jaman SD, manjing naek ka kelas 6 atawa dina ngahaeutkeun 
kana mangsa ujian harita teh, di sakola-sakola dasar (sigana sa-
Indonesia) sumebar buku sarupa "panduan" (teu resmi)keur lulus 
ujian. Lamun ayeuna mah sarupa buku-buku pangajaran anu dikaluarkeun 
ku lembaga-lembaga "Bimbingan Belajar". Enya buku anu dikhususkeun 
ukur (utamana) keur ngalatih kaparigelan siswa dina ngajawab soal-
soal anu (diprediksi) baris kaluar dina ujian. Harita mah ngan aya 
dua buku model kitu teh, nu kahiji ngarana HPA (Himpunan Pengetahuan 
Alam), sedeng anu kadua ngarana HPU (Himpunan Pengetahuan Umum).

Anu seja dicaritakeun teh lain pedah harita kungsi ngarenghik ka 
kolot meunang sababaraha poe, hayang dipangmeulikeun HPA jeung HPU 
(kabiasaan upama aya kahayang anu sakira alus, unggal papanggih 
jeung kolot dina kaayaan kumaha bae, sok disebut-sebut anu 
dipikahayang teh: "HPA-HPU, HPA-HPU"!, kitu bae, nepi ka prungna 
dicumponan ku kolot eta kahayang teh). Ieu mah ngeunaan salah sahiji 
eusi HPA-HPU anu mindeng kapanggih/kabaca. Nyaeta ngeunaan "anu 
mimiti" atawa anu "pangheulana". Upamana bae, anu pangheulana nyieun 
atawa nimu lampu listrik teh (bohlam) nyaeta Edison (Thomas Alva 
Edison), anu mimiti nimu benua Amerika: Colombus, jst. Ngeunaan 
bener heunteuna eta warta, harita mah teu dipasoalkeun, yakin bae 
anu aya kana naon anu dituliskeun dina HPA-HPU. Matak dimuat dina 
eta buku oge tangtuna bener, kitu kayakinan harita.

Ngeunaan "anu pangheulana" atawa "anu mimiti", memang ampir 
sakabehna kacangking ku warga nagara-nagara Eropa atawa Amerika. 
Arang langka anu jolna ti nagara-nagara dunya katilu atawa nagara-
nagara timur-tengah. Kituna teh kusabab dunya barat mah geus tapis 
jeung parigel ku budaya tulis-tinulis atawa masyarakat literal tea. 
Enya, kaayeunakeun, sakapeung sok mikir, apan memeh Columbus oge 
tangtuna teh heula keneh urang Indian manggihan benua Amerika teh. 
Tapi, ku sabab lalampahan Columbus mah dicatet dina buku sacara 
ilmiah, tur bukuna disosialisasikeun, tur sakitu muhitna kana eta 
aturan ilmiah sakabeh masyarakat dunya anu (kasebut) ngakademis, nya 
nepi kaayeuna tetep bae anu kakoncara nimu benua Amerika teh 
Colombus. Kalan-kalan sok aya pabentar paham, upama aya hiji catetan 
anu rada beda. Wajar eta mah, da kitu kabiasanana. Anu penting, 
pamadegan anu panglobana nyutat jeung ngabewarakeun, eta anu baris 
jadi kacapangan balarea. Jugalana-sebut bae-bangsa Barat dina 
widang "pangheulana" atawa "anu mimiti" manggihan atawa nyieun hiji 
hal dina widang kaelmuan, taya lian kulantaran dunia tulis tinulis 
anu tos nagbudaya di maranehanana.

Tah, sabenerna mah ieu-soal budaya tulis tinulis-anu jadi poko 
pasoalanana mah. Ku ayana teknologi (anu kaasup) anyar (keur urang 
mah), budaya tulis tinulis teh tambah ngalegaan rohangan jeung 
kasempetan. Tteu sirikna rebun-rebun poean muka warung internet poe 
ieu, Kang Hasan geus mosting ngeunaan identitas keur dua naskah 
drama anu rek dimuat dina "Koropak". Barang dititenan, rada baluas 
oge, ngaran sorangan dituliskeun salaku "anu mimiti nuliskeun 
(tranksripsi) kana file elektronik" dihandapeun salah sahiji file 
naskah. Si kuring teu pati yakin upama sorangan teh kasebut "anu 
mimiti" sakumaha ceuk Kang Hasan, sabab bisi aya (loba) nu lian anu 
geus nuliskeun naskah kana file elektronik. Tapi, teuing upama keur 
tujuan anu dimaksud ku Kang Hasan mah (sakali deui, gumantung kumaha 
urang nuliskeun naon-naon anu dianggap "mimiti").

Tina anu sakitu panjangna (hapunten), aya kasempetan, keur urang 
sarerea, jadi "anu mimiti", ku ayana kamajuan teknologi dina widang 
tulis tinulis. Sumangga, sakitu ngaleuyahna karya kasusasteraan 
sareng seni budaya urang anu teu acan dialih-tuliskeun kana media 
elektronik. Mere lolongkrang pikeun saha bae jadi "anu pangheulana" 
mindah-tuliskeun ka media elewktronik. Upama urang 
mendakan "lembaga"-na anu merenah tur merhatikeun "identitas", Insya 
Alloh, naon rupa karya anu ku urang dilakonan teh 
baris "kaabadikeun". Kahade bae, masing tarapti, utamana dina lebah 
hak cipta jeung hak copy right-na. Kumaha tah Kang Hasan, soal hak 
cipta sareng copy right? Naha tiasa kitu bae urang mindahkeun 
tulisan manual kana file elektronik tina buku-buku anu aya? Atawa 
katangtuan dina satiap buku ngeunaan hal eta heunteu ngawengku 
pasoalan "ngagandakeun" ku cara nuliskeun kana file elektronik?

Cag.
Baktosna.
manAR




  









------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke