kang jun, baheula nuju di bandung, kuring saparakanca
di kampus unggal taun sok ngayakeun "cerdas cermat
matematika" sa-jabar. hasilna kirang langkung jiga
postingan kang jun. seuseueurna anu lebet final teh
geuning ti sakola-sakola karesten, taya sanes baraya
urang nu sipit tea. duka naon kasang tukangna, teu
acan kungsi katalungtik.
aya pangalaman kunjungan kuring ka sababarah sakola
karesten. nu katinggal palebah disiplina memang
jempolan. salah sahiji conto, harita di hiji sma aya
budak kabeurangan milu kagiatan ekstra kurikuler. eta
budak teu nunggu dititah deui, terus muka saragam,
make kaos lumpat ngurilingan lapangan sababaha
balikan. jigana faktos ieu gede pangarauhna kana
ngarahkeun barudak diajar soson-soson.
pangalaman lain, kuring kungsi jadi guru honorer di
sababarah sakola di bandung, salah sahijina paguron
islam. tah palebah disiplin katinggalna rada jauh
jeung pangalaman kahiji. malah kungsi aya budak ngajak
gelut sagala. pedah embung dititah ka hareup. hehe.
salam,
mh
--- Ahmad Junaedi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Para wargi,
> Henteu saeutik "seler sejen" (lain sunda pituin tina
> silsilah kalahiranna) mawa seungit ku prestasina..
> anu antukna diaku jadi kareueus tatar sunda.
> contona bae "Susi Susanti' anu juara sadunya
> batminton tea.
>
> Kamari, sim kuring ngintunkeun wartos ti PR, juara
> mental aritmatika nasional ti Indramayu (Devina)
> anu baris jadi wawakil Indonesia di ajang kajuaraan
> dunya di Taiwa. Ieu oge... ibu-ramana teh numutkeun
> namimah.. asalna ti Bali... rupina nuju tugas lan
> bubuara di Indramayu.
>
> Oge, siswa anu janten juara olympiade internasional
> matematika sareng IPA ti Tasik, Ivan Kustanto, ieu
> oge ibu-ramana teh.. "sipit".
>
> Sim kuring ngiring "reueus.. ku "prestasi
> aranjeuna"..
> namung oge pinuh harepan...(tur tanda tanya)
> "urang sunda pituin-na" oge kudu
> ber-prestasi...(prestasi sunda pituin-na mana?)
> sok atuh... geura "harudang" urang sunda!
>
> Baktosna,
> Ahmad Junaedi...
__________________________________
Do you Yahoo!?
The all-new My Yahoo! - Get yours free!
http://my.yahoo.com
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/