Muhun kang Yaya leres eta teh, cenah can benghar mah moal waka ngadahar sangu, nya bubur wae anu dituang teh. Jeng cenah teu royal mun can benghar pisan. Tah sifat kitu teh kudu di contonya.....
Rupina kang yaya ge, sipit..., janten efisien.....he he
Cag........
teh tien
( boga sobat sipit bageur pisan....)
Rukayadi Yaya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Rukayadi Yaya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Aya dulur indung uing nu kawin ka China di Pasar Baru
Bandung, mun ngobrol sok tetelepek kuring nanya, kieu
geura:
Ceuk Uing: "Ua kunaon ari urang China palinter
katingalina teh?"
Ceuk Ua Kuring (China, ari Istrina asli Sumedang
lanceuk Indung Uing): "Teu palinter urang China teh
Ya, ngan urang China mah efisien, jadi nu disakolakeun
luhur teh ngananu palinterna wungkul, nu kira-kira
pihasileun, numatak hasilna sok aralus, ari nu
kira-kira teu calakanmah ah...sina diajar dagang bae
dilatih dagang sing parigel. Panan Yaya ge apal anak
Ua si Tan Aek Wan jeung si Tan Aek Min, si Tan Aek Wan
mah ku Ua disakolakeun nepika jucungna da pinter, tah
si Tan Aek Min mah sina dagang bae di pasar baru jeung
ua...da bongan belegug".
Ceuk Uing: "Kunaon Ua ari uranr China di Indonesia
loba nu beunghar?"
Ceuk Ua Uing: "Urang China mah tara nahap-nahap maneh,
tara gengsian, mun urang china boga sapeda hartina
motor geus bisa kabeuli, mun geus boga motor tangtu
tabungannana geus bisa meuli mobil, tara anjuk
ngahutang nahap-nahapkeun maneh. Panan ningan
lolobanamah urang Sunda mah....sok belaan najuk
ngahutang nu penting boga"
Tangtu bae ieu pangalaman teh henteu berlaku umum,
sakali deui teu bisa dipake kasimpulan..ngan urang
bisa ngeunteung.
KangYa
Tungtung Seoul.
__________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - Helps protect you from nasty viruses.
http://promotions.yahoo.com/new_mail
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Do you Yahoo!?
The all-new My Yahoo! � What will yours do?
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor |
| Get unlimited calls to U.S./Canada |
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

