kanggo kang tantan, poma ulah jadi pikir. pedah pada
ngagonjak. keun wae ngarah biasa diskusi. sugan ari
geus biasa diskusi jeung dulur mah, engke jadi biasa
diskusi oge jeung batur. geuning cenah kamari aya item
SWOT, urang sunda teh sok sungkan paketrok. tah
kujalan resep diskusi di milis, sugan eta item SWOT
teh saeutik-saeutik "tereliminasi". hehe.
aya usul keur ngabalakan mah prung we heula dipaju.
engke koreksi bari jalan, kumaha respon publik. salian
ti eta, slogan-slogan pikeun ka hareup, mun bisa mah
coba ekpos konsep-konsep, falsafah-falsafah anu
dipimilik ku urang. jiga pituah-pituah karuhun anu aya
dina naskah heubeul. misalna ngutip naskah nu aya dina
situs batutulis. asana kang oman aya nu aya naskahna
teh. contonna jiga kutipan ieu:
Pajajaran tilas Siliwangi
Wawangina kasilih jenengan
Kiwari dayeuhna Bogor
Batutulisna kantun
Kantun liwung jaradi pikir
Mikiran tulisanana
Henteu surud liwung
Teeteulkeuman kokojayan
Di Ciliwung nunjang ngidul, Siliwangi
Nuus di Pamoyanan
[Kalipah Apo]
tah eta naskah teh jeblageun dina tonggong kaos, jiga
dagadu. hehe.
salam,
mh
--- Agus Mth <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Sae pisan tah. Komo anu aya rambat lancah mah.
> Mengandung nuansa
> Spiderman. Heroik, euy ! Mung eta dipelesetken ku
> Mang Hasan mah. Upami
> janten Urang Sunda Garut mah teu sawios-wios, kumaha
> upami dipelesetkeun
> janten Urang Sunda Go... Ah, tong diteraskeun, teu
> tega. Kumaha upami
> dijantenkeun Urang Sunda Tea minangkana "Tea" teh
> panggentosna "The".
> Tapi mangga wae tong galideur, ngadamel oge stikerna
> anu sae ngarah
> tiasa nempel di kandaraan.
>
>
>
>
> -----Original Message-----
> From: mh [mailto:[EMAIL PROTECTED]
> Sent: Friday, December 10, 2004 11:52 AM
> To: [EMAIL PROTECTED]
> Subject: Re: [Urang Sunda] kaos
>
>
> sae kang!
> USG - urang sunda garut. hehe.
>
> --- tantan hermansah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> > punten, tadi lepat imel, ari komentar ti MJ tos
> aya
> >
> > kiru unina:
> >
> > baraya,
> > ieu rencana gambar kaos dina raraga mireueus
> > kasundaan.
> > Rencanana, ieu rek dicitak terbatas. Meh rada
> > eksklusif tea. Engke mun tiasa "balik modal"
> > (punten...he...he..)--maklum da danana ngorehan ti
> > dapur pun bojo--urang ngadamel deui desain anu
> > enggal
> > anu ayeuna nuju dikutrat-kotret ku tim kuring di
> > dieu.
> >
> >
> > Tim ieu, dugi ka ayeuna (ngan) tiluan.
> > Kuring sorangan (tantan)
> > Indra (bagean ngaaplikasikeun desain anu dina
> sirah
> > kana gambar digital (file komputer),
> > Yayan alias jajaka_subang tea bagean ukrah-ikreuh
> > kaditu kadieu.
> > Sanes moal/alim ngajakan anu sanes. da ieu paling
> > mungkin silih tur kakontak ku kuring anu sarwa
> > 'terbatas'.
> >
> > Tah, baraya, mangga pilih. Bade anu mana. Anu
> > mayoritas dipilih ku baraya, eta anu bakal dicetak
> > ekslusif. Kaos USHE (kuring ngahaja ngaranan ieu
> > kaos
> > "USHE" keur trademarkna--anu ceuk Jang Yayan tea
> mah
> > kudu mampu nyaingan "dagadu" ti kota Jogyes tea)
> ieu
> > mudah-mudahan salian ti keur nanjeurkeun komara US
> > di
> > mana wae, oge tiasa ngajantenkeun pangrapet
> > babarayaan
> > urang.
> >
> > ngenaan ijin ti PERCEKA, kuring salaku pribadi tos
> > wawartos ka MJ. ngan teu acan aya SK-na.he..he..
> >
> > ngenaan pangaos, saatos diutak-atik, kuring
> nawisan
> > sacara "lelang". hartosna, sabaraha wae mangga,
> mung
> > aya nganggo pangaos minimal. engke upami tos beres
> > surveyna, ku kuring dibewarakeun deui.
> >
> > Kusabab ekslusip, kaos ieu mung dicitak 20-an.
> > janten,
> > punten, biaya produksina rada ageung.
> >
> > Tah, kabaraya anu hoyong ngagaduhan ieu kaos,
> mangga
> > pilih desain anu mana anu dipikahoyong, teras
> > japrikeun ka kuring urang catet.
> > sareng punten teu tiasa sadayana kajapri ku sim
> > kuring.
> >
> > sakitu heula,
> >
> > baktos
> >
> > tantan
> > nu keur diajar "bisnis???"
> >
> > __________________________________________________
> > Do You Yahoo!?
> > Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam
> > protection around
> > http://mail.yahoo.com
>
> > ATTACHMENT part 2 image/jpeg
> name=urang-sunda-gaya1.jpg
>
>
> > ATTACHMENT part 3 image/jpeg
> name=urang-sunda-gaya2.jpg
>
>
>
>
>
> __________________________________
> Do you Yahoo!?
> Meet the all-new My Yahoo! - Try it today!
> http://my.yahoo.com
>
>
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda -->
> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>
>
__________________________________
Do you Yahoo!?
The all-new My Yahoo! - What will yours do?
http://my.yahoo.com
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
$4.98 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/Q7_YsB/neXJAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/