Euleuh....kang mamat mani gembul kitu nya.......nuju mamayu saurna......he he, si teteh ngiring bingah sareng ngiring raosnya..!. Kang mamat ...sok obrolkeun aya upacara adat teu...?, sapertos nincak endog, buka pantos, huap lingkung, jeung sajabana.....?, upami aya fotonya enggal kintunkeun ka lembur......Hoyong terang panganten adat sunda jaman kiwari...
 
Salam baktos
ten tien
( tos lami tara ningal panganten adat sunda )

Mamat Rachmat <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Puguh abdi oge he-love teu ngabantun "kodak", eta oge gurung-gusuh, maklum
nuju buburuh....
Ngan eta eta waktu angkat ka jatinangor teh dua-an wae sareng Ua Sas...
Sempet padungdengan heula sareng si Ua da nyasab tea ... embung ari
disalahkeunmah.... untung teu marawa bedog...
Basa daftar na buku tamu  ... si Ua nanya "Alamatna kumaha euy... ?? ",
"Tulis wae KUSNET" ceuk uing....gutret si Ua nulis...
Terus uing... nulis "Jajakakapaksa-KUSNET" ...  si eneng nu jaga ... keur
geulis teh someah deuih... belenyeh imut ningali tulisan uing ....
terus nanya... "Leres akang teh jajaka ?" cenah... "tergantung situasi "
ceuk kuring kalem, bari terus ngaleos... eta si Eneng mencrong bari semu teu
ngarti...

Beres sasalaman ka Panganten... terus ngantri di bagean Martabah...
celebek-celebek si Ua kana martabak beak dua porsi...
Terus pindah kana baso tahu... celebek deui..... bari ngosom ... "lapar euy
tadi can sarapan"...
Beres baso tahu terus ngantri sangu.....Brek-brek meni muncung..., uing oge
teu eleh geleng.... brek brek siga si Ua...
Gek diuk ngarendeng... terus mencrong, ... "Lain Ua .. tadi martabak dua
porsi, terus baso tahu, ayeuna sangu meni muncung.. keur mamayu ?" ceuk
kuring.
"Lain euy... tadi isuk-isuk teu kaburu sarapan, jadi ayeuna di.. JAMA.."
ceuk si Ua ... "Arti eta didinya oge sarua meni loba kitu ?" bari nunjuk
sangu kuring..
"Uing .. enggke rek ngalembur.. da loba pagawean... daharna ayeuna di-JAMA
TAKDIM-keun" ceuk kuring teu eleh geleng...
... Hampura neng empup .... uing jeung si Ua ... garembul..... maklum bumina
di RW-06...
Beres nyangu .. burudul MJ, Bah Willy jeung neng Wida... tas ngantri....
terus dariuk ngarendeng...
Ua Sidik nyered korsi direndengkeun.. pahereup-hareup genep... "Siga rek
rapat KUSNET wae ieu teh.." ceuk kuring..
Terus ngobrol ngaler ngidullll.... Uing ngaharewos ka si Ua..... "Ua rek
nyangu deui...? "....
"Enggeus ah.... beakeun JAMA-na oge.... JAMA naon deui siah ?...TAKDIM
enggeus... TAKHIR enggeus..." bari muncereng....
Beres dalahar... terus di-poto bareng.... terus pamitan... baralik
sewang-sewangan.....

Cag Aah can Shalat Asyarrrr....


Jajakakapaksa


NB : Si Ua Sas nuju ka Batawi... ngalayad ununganana anu baheula .. maot...



----- Original Message -----
From: "mj" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[EMAIL PROTECTED]>
Sent: Friday, December 10, 2004 9:46 AM
Subject: [Urang Sunda] ka resespi nikahna Pupi & Kandar


>
>
> Bah Willy ngajemput ka pangulinan, di mobilna geus nyampak Wida. mobil
> lumpat tapi hese, da jalan suci-cicaheum-ujung cileunyi teh pinuh. ua sas
> nelepon, anjeuna mah liwat toll. atuh pangheulna dugi ka jatinangor. tapi
> teu terang gedong resepsina di mana. nya di sms, gedong kopertis.
>
> bah willy apal, nu seueur bis kota cenah.
> enya, jatinangor teh pinuh ayeuna mah. boh jalana boh paimahan. kuduna
> jalanna digedean heula.
>
> ua sas nga sms, tos ngabaso cenah. tos dugi sigana ka lokasi.
> apal peta uleman, beak ikopin mobil mengkol ka arah kampus unwim -beh
> tonggohna mah, lapangan golf bandung giri gahana. si horeng deukeut ti
> pengkolan eta.
>
> di gedong kopertis eta tos nyampak Ua Sas, kang Mamat Rachmat urut
> Jajakakapaksa tea. di luhur, tempat panganten, tos nyampak Ua Siddik
> sareng bojona. teras aya kang Toni Cibitung. panganten make setelan adat
> sunda. aya grup calung.
>
> miluan difoto jeung panganten sagala. ua sas uih ti payun, ka kantorna
> deui. si kuring sareng bah willy oge wida pandeuri, mulangna mah liwat
> toll da enya leuwih tereh.
>
> mj
>
>



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - You care about security. So do we.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke