nu parasmanan di-qoshor astronot kang zam. malah
di-zip sugan mah. hehe.

salam,
mh

--- "Z.A. Muslim" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Ha...ha...ha
> Aya kituna si Ua.
> Biasana lamun shalat di jama, sok bari di-qoshor.
> Ari parasmanan mah jigana taya istilah "qoshor" nya
> Ua ?. Nu aya ukur
> 'jama', qodlo, jeung rawatib.
> Tah jigana martabak jeung baso mah minagka rawatib
> qobla-na. Rawatib
> ba'da-na kueh jeung es krim. Minangka wiridanana
> buah jeung coca-cola.
> Lengkep atuh nya Kang Rahmat shalat teh, aeh
> parasmanan ketah.
> 
> Sanaos telat,
> Kanggo Neng Pupi - Cep Kandar,
> Sim kuring ngahaturkeun Wilujeng Ngawelah Sagara
> Rumah Tangga, Mugia
> apanjang-apunjung, runtut raut sauyunan, kacai jadi
> saleuwi, kadarat jadi
> salebak. Salamina aya dina panyalindungan Gusti
> Allah SWT.
> 
> tansah,
> ZAM
> 
> 
> ----- Original Message -----
> From: "Mamat Rachmat" <[EMAIL PROTECTED]>
> To: <[EMAIL PROTECTED]>
> Sent: Thursday, December 09, 2004 3:21 PM
> Subject: Re: [Urang Sunda] ka resespi nikahna Pupi &
> Kandar
> 
> 
> >
> > Puguh abdi oge he-love teu ngabantun "kodak", eta
> oge gurung-gusuh, maklum
> > nuju buburuh....
> > Ngan eta eta waktu angkat ka jatinangor teh dua-an
> wae sareng Ua Sas...
> > Sempet padungdengan heula sareng si Ua da nyasab
> tea ... embung ari
> > disalahkeunmah.... untung teu marawa bedog...
> > Basa daftar na buku tamu  ... si Ua nanya
> "Alamatna kumaha euy... ?? ",
> > "Tulis wae KUSNET" ceuk uing....gutret si Ua
> nulis...
> > Terus uing... nulis "Jajakakapaksa-KUSNET" ...  si
> eneng nu jaga ... keur
> > geulis teh someah deuih... belenyeh imut ningali
> tulisan uing ....
> > terus nanya... "Leres akang teh jajaka ?" cenah...
> "tergantung situasi "
> > ceuk kuring kalem, bari terus ngaleos... eta si
> Eneng mencrong bari semu
> teu
> > ngarti...
> >
> > Beres sasalaman ka Panganten... terus ngantri di
> bagean Martabah...
> > celebek-celebek si Ua kana martabak beak dua
> porsi...
> > Terus pindah kana baso tahu... celebek deui.....
> bari ngosom ... "lapar
> euy
> > tadi can sarapan"...
> > Beres baso tahu terus ngantri sangu.....Brek-brek
> meni muncung..., uing
> oge
> > teu eleh geleng.... brek brek siga si Ua...
> > Gek diuk ngarendeng... terus mencrong, ... "Lain
> Ua .. tadi martabak dua
> > porsi, terus baso tahu, ayeuna sangu meni
> muncung.. keur mamayu ?" ceuk
> > kuring.
> > "Lain euy... tadi isuk-isuk teu kaburu sarapan,
> jadi ayeuna di.. JAMA.."
> > ceuk si Ua ... "Arti eta didinya oge sarua meni
> loba kitu ?" bari nunjuk
> > sangu kuring..
> > "Uing .. enggke rek ngalembur.. da loba
> pagawean... daharna ayeuna di-JAMA
> > TAKDIM-keun" ceuk kuring teu eleh geleng...
> > ... Hampura neng empup .... uing jeung si Ua ...
> garembul..... maklum
> bumina
> > di RW-06...
> > Beres nyangu .. burudul MJ, Bah Willy jeung neng
> Wida... tas ngantri....
> > terus dariuk ngarendeng...
> > Ua Sidik nyered korsi direndengkeun..
> pahereup-hareup genep... "Siga rek
> > rapat KUSNET wae ieu teh.." ceuk kuring..
> > Terus ngobrol ngaler ngidullll.... Uing ngaharewos
> ka si Ua..... "Ua rek
> > nyangu deui...? "....
> > "Enggeus ah.... beakeun JAMA-na oge.... JAMA naon
> deui siah ?...TAKDIM
> > enggeus... TAKHIR enggeus..." bari muncereng....
> > Beres dalahar... terus di-poto bareng.... terus
> pamitan... baralik
> > sewang-sewangan.....
> >
> > Cag Aah can Shalat Asyarrrr....
> >
> >
> > Jajakakapaksa
> >
> >
> > NB : Si Ua Sas nuju ka Batawi... ngalayad
> ununganana anu baheula ..
> maot...
> >
> >
> >
> >  ----- Original Message -----
> > From: "mj" <[EMAIL PROTECTED]>
> > To: <[EMAIL PROTECTED]>
> > Sent: Friday, December 10, 2004 9:46 AM
> > Subject: [Urang Sunda] ka resespi nikahna Pupi &
> Kandar
> >
> >
> > >
> > >
> > > Bah Willy ngajemput ka pangulinan, di mobilna
> geus nyampak Wida. mobil
> > > lumpat tapi hese, da jalan suci-cicaheum-ujung
> cileunyi teh pinuh. ua
> sas
> > > nelepon, anjeuna mah liwat toll. atuh pangheulna
> dugi ka jatinangor.
> tapi
> > > teu terang gedong resepsina di mana. nya di sms,
> gedong kopertis.
> > >
> > > bah willy apal, nu seueur bis kota cenah.
> > > enya, jatinangor teh pinuh ayeuna mah. boh
> jalana boh paimahan. kuduna
> > > jalanna digedean heula.
> > >
> > > ua sas nga sms, tos ngabaso cenah. tos dugi
> sigana ka lokasi.
> > > apal peta uleman, beak ikopin mobil mengkol ka
> arah kampus unwim -beh
> > > tonggohna mah, lapangan golf bandung giri
> gahana. si horeng deukeut ti
> > > pengkolan eta.
> > >
> > > di gedong kopertis eta tos nyampak Ua Sas, kang
> Mamat Rachmat urut
> > > Jajakakapaksa tea. di luhur, tempat panganten,
> tos nyampak Ua Siddik
> > > sareng bojona. teras aya kang Toni Cibitung.
> panganten make setelan adat
> > > sunda. aya grup calung.
> > >
> > > miluan difoto jeung panganten sagala. ua sas uih
> ti payun, ka kantorna
> > > deui. si kuring sareng bah willy oge wida
> pandeuri, mulangna mah liwat
> > > toll da enya leuwih tereh.
> > >
> > > mj
> > >
> > >
> >
> >
> >
> >
> > Komunitas Urang Sunda -->
> http://www.Urang-Sunda.or.id
> >
> > Yahoo! Groups Links
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> 
> 



                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
Send holiday email and support a worthy cause. Do good. 
http://celebrity.mail.yahoo.com


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$4.98 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/Q7_YsB/neXJAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke