Assalamualaikum wr.wb,
Wargi US sadayana haturan kumaha daramang. Ah sim kuring teh Wargi nu langki ngulampreng di lembur ieu. Tapi sakedap deui ge bade ngempel sareng wargi Sunda Sa-Batam Bintan.
Minggu kamari tanggal 3-5 Desember sim Kuring teh amengan ka ditu ka Gunung Gede di Bogor. Tadina bade nganjangan ka wargi US nu di Bogor mung waktosna nu samporet janten enggal2 uwih deui ka Batam da mung cuti dua dinten. Eta ge bela-belaan bakat ku hoyong pisan naek ka Gunung Gede anu ku barudak pendaki mah kasohor pisan eta gunung teh. Kasohor gunung anu pabeulit pisan ku paraturan. Kasohor gunung pangkotorna ku runtah, kasohor ku mancarupi tutuwuhanna.
Euuhh meni Endah pisan gening diditu teh. Komo di alun-alun Surya Kencana na mah eta kembang edelweis meni ngampar satungtung titingalian. Di puncak Gunung oge bisa ninggal ka handap ka sabudeureun Bogor Cipanas. Gigireun gunung Pangrango anu gagah, di kajauhan belah kulon katinggal gunung Salak jeung pamandangan laenna anu moal bisa dipopohokeun.
Ari ti Batam mah nyalira mung di Jakarta pendak sareng rerencangan milis pendaki anu sanes. Anu ngiring aya oge ti Bali sareng Balikpapan.Teras warga Jepang anu damel di Japan Airline. Nu sanes na mah seuseueurna ti Jakarta, Bandung sareng Depok.
Dina obrolan teh Senior abdi anu ti Bali ngadongengkeun carita anu aya di Gunung Gede eta. Carita hiji mangsa aya pendaki anu kawenehan Kareta Kencana milik prabu Siliwangi. Teras sakedap ngabahas Eyang Surya Kencana. Tah eta anu panasaran pisan sim kuring mah. Kumaha jujutanana carita Eyang Surya Kencana teh da rerencangan eta teu ngaguar langkung jelas. wargi aya nu terang carita Eyang Surya Kencana?
Tah ieu aya foto2na. Sim kuring anu nggango kerudung hideung dina foto bareng-bareng.
Wassalam
Lien
Yahoo! Mobile
- Download the latest ringtones, games, and more!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor |
| Get unlimited calls to U.S./Canada |
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

