Hatur nuhun kang Ule/U'ul, pasti betah abi mah da aya
kang Ule, komo deui pami nyebat Mamah ka abi hehehe, pan aya bakal
titaheun...Cep pangmilarikeun calon Bapak atuh...hehehe, punten ah Kang Ule,
tong ambek, eh ari Warung Leboy teh caket ti Cikarang kitu ?
Baktos
Neng
Titi ( sebat neng we da abi mah alit keneh )
-----Original Message-----
From: Cecep Wahyu [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Monday, December 13, 2004 8:12 AM
To: '[EMAIL PROTECTED]'
Subject: RE: [Urang Sunda] NepangkeunWa'alaikum salam...Wilujeng ngariung mungpulung di ieu lembur teh Titi, bagja kacida yeuh nambihan baraya di Lembur Kusnet.. mugia sing betah tinekanan, sok geura guar pangalaman sareng pangaweruh.. abdi engke anu mulungan..heuheuheuheu...sakantenan sim kuring oge bade ngawanohkeun maneh ah ka Ten /Neng Titi, wasta sim kuring teh Cecep Wahyu, di lembur ku pun raka sok dicalukan teh Ule atanapi U'ul padahal ieu kulit teh geus teu bodas deui, da angger kajeun bodas oge moal aya anu nyangka Bule, da pend�k tea..hehee.. ayeuna kuring teh kuli bin damel janten karyawan pabrik di PT. Pepperl+Fuchs Bintan, anu ayana di KIB Lobam, P-Bintan. ateuh dina statusna, sim kuring teh nembe gaduh anak awewe hiji, oge kitu pun jikun pasti awewe anu oge nembe hiji... ( moal nambahan siganamah.. :p )Teh, naha gaduh nami teh mani sami persis pisan sareng pun biang? abdi keh bilih nyauran Mamah ka Teh / Neng Titi heheheee.... ( sanes heureuy nyaanan ieu mah nami pun biang oge Siti Julaeha )Mangga neng teraskeun, sareng bilih bade miceun sutres sareng silih gonjakan silih eledan..mangga dihaturan amengan ka Warung Leboy..WassalamBaktosna
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

