Kahartos ayeuna mah......, satuju lah.......mangga geura pitembeyan.....
tandang makalangan...
Pihatur
ssw
Kamal Idris <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kamal Idris <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Haturan Apih.... wilujeng enjing, punten abdi bade ngiring mairan... kaleresan abdi ngiringan waktos gempungan di Depok
1. Anu di maksad cinderamata didieu nyeta kaos kusnet anu bade didamel ku kusnet komisi Jakarta anu rada benten sareng kaos anu di damel ku MJ nyaeta nganggo kerah. kaos eta bade dipasihan ka para inohong nalika urang silaturahmi ka aranjeuna. janten sanes hadiah anu mahal atanapi mewah.
2. Dana bantuan ka nu keuna musibah khususon urang sunda, umpamana anu bade ngadugikeun bantosan teh ku ua Sas atanapi MJ, engkin dana na di transfer ti rek. komisi jakarta ka rek YP. di Badung. tah sapertos ayeuna urang bade nulungan Alm ceu Jarsih anu aya di Jakarta, nya langsung di dugikeun ku Komisi Jakarta ka nu kengin musibahna. Pokona mah dana bantuan teh khususon kangge urang sunda.
Perkawis bantosan ti luar, dugikeun ka ayeuna teu acan aya rencana nyuhunkeun bantosan ti luar. rencana na urang bade satekah polah usaha nyaliran ku jalaran ngadamel badan usaha di antawisna ngadamel Cinderamata kanggo di supply ( naon basa sundana ) ka tempat2 wisata.
kitu anu sakaterang abdi mah, mugia rencana urang kanggo ngamajukeun urang sunda tiasa di ijabah ku Allah S.W.T. mangga kang Tirta sareng baraya kusnet komisi jakarta anu hadir di Depok di koreksi upami aya anu kirang pas atanapi lepat.
Baktos / Kamal
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

