Wa Siddik teu nanaon atuh masihan kaos ka inohong beunghar, pan diselipkeun nomor rekening Kusnet. Perkawis dana bantuan pan ieu mah USAID, AID ti & keur US
 
nuhun, salam baktos
tirta
 
AID ok, AIDS...go to hell

Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Puntennnnn..., tiasa ngiring mairan...??
Khusus anu nomer hiji sareng nomer dua.
1. beaya cenderamata keur inohong (silaturahmi, seminar jste);
    ti sim abdi : kedah diseleksi saha inohongna, naha jalmi beunghar atanapi henteu.
                      upami kaleresan inohong beunghar mah asa teu peryogi.... 
                      kanggo silaturahmi, seminar, gempungan jste. mah, saluyu...!!
2. dana bantuan ka nu keuna musibah, gawe sosial jsb.
    ti sim abdi : kedah dikhususkeun anu keuna musibah teh US, sareng kumaha kenging 
                      bantosan tinu sanes henteu...???, gawe sosial jsb. mah saluyu...!!
Sakitu anu kapihatur, punten bae.
 
Pihatur
SSW
  
Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Teh Tien & wargi sadaya,
Kempelan US Jabotabek di rorompok Kang Maman Gantra (memeh Ka Kang ERH) oge di Depok UI nganiatan rek nyieun dana operasional, (mun bisa mah jadi "dana abadi")  nu alokasina keur:
1. beaya tanda kadeudeuh (cenderamata) keur inohong (silaturahmi, seminar jste);
2. dana bantuan ka nu keuna musibah,  gawe sosial jsb.
3. dana keurProgram Pabukon Perceka;
4. dana keur Program Beasiswa Perceka;
5. Kumaha kasapakatan US.
Kumaha-kumaha ngeunaah hancaan eta teh rencanana rek dijieun jadi program (rencana gawe) nu disaluyukeun jeung Program US (nu ayeuna masih di tahap SWOT). Tapi nu disepakatan mah rek dijieun target saha, dimana, sabaraha, iraha keur masing-masing program.
Dina danget ieu aya 2 kageatan:
1. Buka rekening keur nu keuna musibah;
2. Proyek Kaos Polo.
Tah proyek "kaos polo" teh saenyana kaos eksklusif nu didisain keur cenderamata. Ka nu minat mikahayang ngabogaan kaos polo mangga ngaharewos ka Kang Ikmal.
Ti sim kuring sakieu, mangga US Jakarta bilih bade aya nu ngelempengkeun atanapi bade nambihan. Ka Kang Ikmal ieu rekening BCA PI teh khusus kangge program no 2 (keur ka nu keuna musibah), ulah dicampur sareng rekening kanggo kaos polo.
 
salam
tirta


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - Easier than ever with enhanced search. Learn more.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke