Haturan Ua, 

Katampi pisan informasina. Sumuhun da ka ngarananan agama teh 
mindeng pisan dijadikeun korban. Anu jugala mah nya anu ngawasa 
informasi. Hanjakal, informasi jeung kabeungharan di dunya iue dina 
danget ayeuna dipiboga ku anu gaduh nafsu ngawasa dunya kalawan 
heunteu nolih kana kamanusaan. Zionisme, upamana. Posting ti Kang 
Zam parantos mepelingan, yen sanes Israel-na anu bahaya teh, namung 
zionisme-na. Pikeun kaperluan nanjeurna eta gerakan, bangsa Israel 
sorangan dikorbankeun (dina hal ieu nyoko kana ngabeledugna bom di 
Kedubes Israel di Argentina, sakumaha eusi informasi dina posting 
sababarah poe ka tukang).

Lebah ngantetkeun anu ngalakukeun proses akhir tindakan ngabom ka 
label golongan agama tinangtu, memang ti baheula oge agama teh sok 
dijieun alat. Alat pikeun ngahontal tujuan sorangan atawa golongan 
anu satemenna teu luyu jeung kamanusaan. Osamah bin Laden, upamana, 
bisa bae ukur mitos. Atawa dina ayana oge bungkeuleukanana, urang 
teu terang, naha jero dirina teh bener-bener Islam. Atawa, lamun 
enya oge ngaku Islam, da ari laku lampah mah geus bisa diukur jeung 
geus nyampak ukuranana anu sifatna universal. Dina lebah dieu luyu 
pisan pananya: Naha "Pikeun Agama" atawa "Atas Nama Agama"?.

Sapuk kana pamadegan yen nagara-nagara sejen anu boga watek 
imperialis atawa ngajajah teh sieuneun ku Indonesia lamun bangsa 
Indonesia geus hudang ngalakukeun greliya pikeun nyalindungan atawa 
ngarebut hakna salaku bangsa anu merdeka. Kukituna, sapuk pisan kana 
pangajak supaya urang carincing pageuh kancing, saringset pageuh 
iket, kana usaha-usaha anu udaganana Indonesia teh tetep tisungkur 
boh sacara ekonomi, moral, atawa jatidiri bangsana. Lain dina soal 
kaamanan bae sigana usaha-usaha ti anu teu hayangeun nempo Indonesia 
hudang teh. Dina widang pangwangunan kahirupan sejena oge aya, 
upamana: pertambangan (kasus PT Newmont anu digegedekeun), 
ngokolakeun runtah (kasus Bojong), jst.

Hayu ah urang hudangkeun deui mataholang kaamanan rakyat, ku cara 
simskamling jeung sajabana, gotongroyong jeung rempugjukungv 
sauyunan, ngajaga kaamanan heula anu penting. Sakadugana, 
sakamampunan. Targetna: ulah aya jelegur deui bom di Indonesia.

Baktos,
manAR  


--- In [EMAIL PROTECTED], Siddik Wiradireja 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Para waegi punten ieu aya surelek nyasar, punten teu disalin kana 
basa Sunda, mangga aos malah mandar tiasa janten bahan emutan urang 
sadaya.
> Punten rada ngagebay....
>  
> ssw
> 
> selamatkanindonesia <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Peledakan Bomb itu semakin nyata Ancamannya semoga tidak jadi
> kenyataan meledaknya.
> 
> 
> Ayo kita kerjakan kerjaan yang ujung-ujungnya untuk kepentingan 
bangsa Indonesia ini.
> Saya ulangi Targetnya Tidak ada lagi peledakan di Indonesia. Dari
> sekarang harus tersosialisasi jika meledak lagi maka itu kerjaan
> orang-orang asing dalam sebuah komplotan yang punya operator di
> Indonesia sehingga jika meledak itu bukan kerjaaannya orang 
Indonesia dan dimaksudkan untuk merusak bangsa dan Indonesia.
> Mari kita tingkatkan kewaspadaan kita sebagai sebauh bangsa.
> 
> Selapanjang 21-12-2004
> Agus  Muldya
> Indonesia Crime Prevention Council.





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke