Ieu Kang 2 diantara rumpaka kacapi-suling Mang Koko-an: "Kembang 
Impian" sareng "Samoja":

KEMBANG IMPIAN

Antara lolongkrang kiceup, urang pateuteup
Bulan pias eunteup na lalangse kayas
Kaca jandela nu muka, kaca katresna nu muka
Peuting the teuing ku jempling, asih the teuing ku wening

Pangharepan lir laut nu jero, teu katepi ku sora panggero
Urang teuleuman ku geter deudeuh duaan
Urang tataran ku karep jeung pangharepan

Tong teuing ngedalkeun lisan, urang teuleuman
Na ciptaan, bagja deudeuh patembongan
Geter ti ati  ka ati, iber jadina pasini
Saranggeuy kembang impian, sungkemeun kana lahunan

SAMOJA

Kedalna asih na wulan pinuh mamanis
Hiji jangji pasini na laswining wanci
Mangsa samoja jongjon kembangan
Duh� eulis, langit lenglang, angin rintih dina ati, aduh

Lalakon lawas na wulan pinuh katineung
Aya jangji pasini nu heunteu ngajadi
Mangsa samoja geus ngarangrangan
Duh ieung�langit angkeub, samagaha dina hate, geulis

Ayeuna kantun waasna jungjunan
Lalakon ka tukang diteang ngan ku ciptaan
Kamari nu pamit, kamari nu pamit 
Datang deui na kalangkang

Ayeuna tinggal nganglesna jungjunan
Lalakon nu pegat disambung ngan ku ciptaan
Kamari nu leungit, kamari nu leungit
Rek lebeng mo deui datang

manAR
> > --- Surya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > 
> > > wilujeng siang
> > > 
> > > aya nu gaduh lagu kacapi suling, atawa lagu naon weh
> > > punten di japri weh atawa deng ka lembur ge teu
> > > nanaon
> > > 
> > > 
> > > baktos
> > > surya
> > > 
> > 
> > 
> > =====
> > 
> > 
> > __________________________________________________
> > Do You Yahoo!?
> > Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
> > http://mail.yahoo.com





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$4.98 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/Q7_YsB/neXJAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke