Kang Oman,
Pangeresa Bapa T Sukandar (inohong seni tari) kantos nyarioskeun nalika Mang
Koko mitembeyan nyiptakeun lalaguan dina wanda kawih. Harita (duka taun
sabaraha), seni sunda nu dipirig ku waditra kacapi teh mung ukur tembang.
Anapon seni tembang disagedengeun ti Cianjuran, oge aya Cigawiran, Ciawian,
sareng -nu kantos di bahas- beluk. Mung kadieunakeun istilah "tembang sunda"
sok dilarapkeun kana Cianjuran bae.
Tah, Mang Koko nyiptakeun wanda anyar dina pirigan kacapi. Nu dipirig sanes
lagu-lagu tembang, nanging lagu-lagu kawih nu jaman harita mah biasa
dipirigna ku gamelan (degung atanapi salendro). Ieu wanda anyar teh sering
disebat "Mang Koko-an".
Saur Pa Sukandar, nalika ieu seni Mang Koko-an diwanohkeun ka masarakat, aya
sababaraha kokojo tembang nu "protes" ka Mang Koko. Saur aranjeuna Mang Koko
tos "kaluar tina pakem" seni kacapi. Panginten numutkeun aranjeuna mah Mang
Koko teh dianggap nyiptakeun "madzhab sempalan".
Nanging ieu "protes" madzhab tembang teh teu patos sumebar di masarakat, da
kabuktosanana "madzhab" Mang Koko nu kawitna direken madzhab sempalan tina
seni tembang tambih lami tambih dipikaresep ku balarea, sarta ayeuna mah tos
tiasa disajajarkeun sareng seni Sunda "main stream" sapertos Cianjuran
atanapi Degung.

Nu mawi urang Sunda mah tong alergi kana "madzhab sempalan" teh. Alergi kana
wanda anyar mah matak ngalumpuhkeun kreativitas.

Tansah,
zam

----- Original Message -----
From: "Oman Abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[EMAIL PROTECTED]>
Sent: Wednesday, December 22, 2004 10:18 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] lagu


>
>
> Kang Surya,
>
> Upami rajin mukaan arsip file, kantos aya anu posting sababaraha
> rumpaka lagu wanda kacapi suling karya Mang Koko atanapi Mang Koko
> gawe bareng seniman Sunda sanesna. Diantaran kungsi diposting ka ieu
> milist kawih-kawih: "Malati di Gunung Guntur", "Samoja", "Kembang
> Impian", jsb. Malah lain bae rumpakana anu dipedar teh, oge tafsiran
> rumpakana, sabisa-bisa. Ngan nyaeta, icikibung dina milist teh arang
> langka mukaan file samemehna, tepi ka sok siga anyar deui anyar deui
> jejer paguneman teh. Tamaha bae, kitu tabeatna patepung di alam maya
>
> Baktos,
> manAR
> --- In [EMAIL PROTECTED], bigguy <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > Ieu salah sawiosna:
> >
> > Tatalegongan
> >
> > Bangkong dikongkorong kujang
> > Ka cai kundang cameti
> > Da kole,
> > Kole di buah hangasa
> > Ulah mopo memeh leumpang
> > Da hirup,
> > hirup katungkul ku pati
> > hirup katungkul ku pati
> > Paeh teu nyaho dimangsa.
> >
> > Saleresna seueur keneh rumpaka kacapi suling teh, mung
> > pami diserat di dieu mah, pisakumahaeun panjangna.
> > Pami peryogi, sim kuring aya bukuna. Atuh pami bade
> > sakantenan ngiring latihan, mangga, tiap dinten jumaah
> > biasana mah.
> >
> > --- Surya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > > wilujeng siang
> > >
> > > aya nu gaduh lagu kacapi suling, atawa lagu naon weh
> > > punten di japri weh atawa deng ka lembur ge teu
> > > nanaon
> > >
> > >
> > > baktos
> > > surya
> > >
> >
> >
> > =====
> >
> >
> > __________________________________________________
> > Do You Yahoo!?
> > Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
> > http://mail.yahoo.com
>
>
>
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>
>



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke