Kang Tirta...mangga teras dilajengkeun, teu acan tiasa ngomentaran jalaran ngomentaran nu kieu mah teu tiasa sagawayah..!!
Mugia hasilna janten mangfaat kanggo urang sadayana. Amin.
 
MSasmita
-----Original Message-----
From: Tirta widjaja [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Friday, December 31, 2004 10:08 AM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] 58 Kalemahan Urang Sunda

Didugikeun ka sadaya warga Kusnet "58 Kalemahan Urang Sunda". Ieu teh sumber utamina ti SWOT kiriman Kang Oman. Kumargi analisis SWOT lengkep mah ngabeten bae, teu aya asupan, sugan atuh ku "format" ieu mah ngageuingkeun warga sadaya. Bari ngalenyepan akhir & awal taun mangga atuh ditalungtik pamadeganana kana kalemahan-kalemahan dina kobong tabel.
 
Khususna Ka Kang Oman, Ua Sasmita punten abdi ngawawanter maneh ngirim sabagean SWOT bari teu di basa sundakeun. Ka US Jabotabek asana mah "wajib" nalungktik & ngeusi ieu tabel. Insya Allah awal taun urang badungdengkeun sasarengan. Numutkeun sim kuring tina ieu tabel boh US Jabotabek, boh Kusnet  geus bisa dadasar nyieun hanca gawe (real program).
 
Sakali deui nyanggakeun ieu bahan lenyepan. Tong talangke buka, print, ke bari taun anyaran boh nyorangan atawa babarengan prak geura eusi kumaha pamadeganana.
 
Ka sadayana sim kuring ngahaturkeun wilujeng tepung & tepang taun.
 
salam baktos
tirta



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke