Hatur nuhun teh Ely kana perhatosanana. Saleresna teh tabel teh lengkep aya kakuatan, kasempetan (opportunity) & ancaman. Sumber utamina ti Kang Oman. Saleresna saha wae mangga wae nambihan naon-naon wae nu kaemutan janten kalemahan. Sababaraha waktos kapengker kantos dibadungdengkeun kalemahan US, diantawisna Epes meer, wanoja US egois. Ari nalungtik sareng ngeusina rupina sewang-sewangan kumaha pamadegan, pangalamanana. Kitu oge perkawis indikatorna. Numutkeun sim kuring mah 58 kalemahan US teh niatna kangge dadasar keur sikep US ka hareup. Sakali deui hatur nuhun, sok mangga dieusian ku teteh engke urang sasarengan nalungtikna.
 
salam
tirta
 
 
 
djulia247 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Nepangkeun Kang Tirta.

Sae pisan eta tabel teh. Peryogi dilenyepan ku urang sadayana.
Saleresna sim kuring tos lami gaduh uneg-uneg perkawis kelemahan
urang Sunda teh. Margi kungsi sim kuring dikritik ku papada urang
Sunda deui:"Teh Ely geus teu ngawakilan urang Sunda!", kitu cenah,
Ada apa dengan saya? Reuwas oge, kapan bilih lepat tekad, ucap,
lampah tea, pan bahaya, engke tiasa dijewer Ibu Bapak, kinten-kinten
kitu lah sim kuring tataros ka diri sorangan. Syukur dikritik kitu
sangkan kuring introspeksi.
Nuhun pisan tah ieu parantos aya karakter ditabelkeun kanggo bahan
ngariksa diri sacara perorangan boh sacara kelompok.

Dupi 58 kelemahan urang Sunda dina tabel eta, aya imbangan teu ku 58
kelebihan urang Sunda? Supados saimbang marios dirina. Lajeng oge sae
pisan upami diwawarkeun 58 ciri eta kapendak ti Urang Sunda palih
mana wae, dina widang kajian naon? Misalna kieu, karakter eta
kapendakna ti urang lembur, pasisian, metropolitan, atanapi kumaha?
Langkung eces deui pami aya indikator tingkah lakuna nu langkung
operasional. Hatur Nuhun kintunan tabelna.
Ely Djulia


--- In [email protected], Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Didugikeun ka sadaya warga Kusnet "58 Kalemahan Urang Sunda". Ieu
teh sumber utamina ti SWOT kiriman Kang Oman. Kumargi analisis SWOT
lengkep mah ngabeten bae, teu aya asupan, sugan atuh ku "format" ieu
mah ngageuingkeun warga sadaya. Bari ngalenyepan akhir & awal taun
mangga atuh ditalungtik pamadeganana kana kalemahan-kalemahan dina
kobong tabel.

> Khususna Ka Kang Oman, Ua Sasmita punten abdi ngawawanter maneh
ngirim sabagean SWOT bari teu di basa sundakeun. Ka US Jabotabek
asana mah "wajib" nalungktik & ngeusi ieu tabel. Insya Allah awal
taun urang badungdengkeun sasarengan. Numutkeun sim kuring tina ieu
tabel boh US Jabotabek, boh Kusnet  geus bisa dadasar nyieun hanca
gawe (real program).

> Sakali deui nyanggakeun ieu bahan lenyepan. Tong talangke buka,
print, ke bari taun anyaran boh nyorangan atawa babarengan prak geura
eusi kumaha pamadeganana.

> Ka sadayana sim kuring ngahaturkeun wilujeng tepung & tepang taun.

> salam baktos
> tirta
>
>
>
> ---------------------------------
>   Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends
today! Download Messenger Now





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke