Tah ieu nu dipikapaur teh, Kang. Enya perkara Kapal Perang AS !
Kapan cikeneh pisan pihak AS teh meredih sangkan manehna dibere akses pikeun nempatkeun armada perangna di Selat Malaka jeung sabudeureunana, alesanana mah pikeun milu ngamankeun Selat tina karaman bajak laut nu mahabu. Ngan untungna Indonesia jeung Malaysia nolak sapajodogan ieu usulan AS teh. Kari-kari ayeuna dibageakeun pisan da sasat nagara urang keur dirungrum ku butuh panulung, jigana keur maranehna mah asa mobok magih gorowong nepi ka ngeridkeun genep likur kapal perangna.
 
Jigana geus sawajarna pikeun urang, bangsa nu berdaulat, kudu caringcing pageuh kancing. Da sidik ku bukti tetela ku nyata lamun angkatan perang AS geus ditempatkeun dihiji nagara cadu pikeun baralik deui.
 
Mudah-mudahan bae pamarentah SBY masih keneh boga kawani.
 
tansah,
zam
 
----- Original Message -----
Sent: Monday, January 03, 2005 2:48 PM
Subject: [Urang Sunda] Kunaon loba-loba teuing kapal perang dikeridkeun?

 
Baraya,
 
Maca warta di detik.com, ngeunaan AS anu ngeridkeun tepi ka 26 kapal perang AL-na, mucunghul kapanasaran. Kunaon loba-loba teuing kapal perang didatangkeun ka Aceh? Na matak naon upama bantuan teh diangkut ku kapal biasa bae? Naha satiap bantuan AS ka LN kudu diangkut ku kapal perang bae? Naha moal matak ngundang patarosan ti nagri-nagri sejen ngabringkeun kapal perang AL tepi ka 26-na? Emm....boa-boa, sakumaha ceuk cak-cak bodas...? Tapi ketang, beja mah beje. Anu jelas, 26 kapal perang AL bogana AS datang ka Aceh lain beja samanea.
 
manAR
 


Do you Yahoo!?
Take Yahoo! Mail with you! Get it on your mobile phone.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke