Saleresna mah, masalah uang pungutan, sogokan, jrrd,
teh nipu wungkul Kang. Punten, sanes abdi melaan
pejabat ieu mah, mung kumargi pun bibi kaleresan damel
di kepegawaian prop. Jabar, seutik ageungna abdi
terang kana masalah2 sepertos kitu. Duka tah upami di
daerah mah, tapi sigana mah sami wae. Kadang kieu;
ngangken2 tiasa ngalebetkeun padamel (janten pns),
nyungkeun sa-anu keur si-anu, padahal mah bohong. Pami
teu lulus ujian mah...nya lapur we, pami nu 'rada
leres' mah biasana si artos teh diuihkeun deui, tapi
lumayan pan pami rada lami mah 'nyirekem' heula di
bank, tiasa 'endogan' meureun. Sareng kadang-kadang,
nu ngariringan tes teh sok seueur nu 'kumeok memeh
dipacok', teu PD mun teu gaduh 'orang dalam' atanapi
artos kanggo nyogok teh. Kaalaman ku pun bibi, dugi ka
nangis waktos aya bapa-bapa (kaetang wargi keneh) nu
naros kieu,"Kedah sabaraha atuh abdi nyayagikeun
artos, pami memang kedah nganggo artos mah?" Soalna
pun Bibi teu weleh nolak waktos eta bapa bade
'nitipkeun' (bari rada maksa) putrana nu ngiring tes
cpns supados tiasa katampi. Da panginten pami leres
tiasa 'nitip', atuh tong nu jauh heula, kapan sim
kuring ge nganggur keneh dugi ka ayeuna.
Duka saha nu lepat, duka naon nu lepat atuh.... :(

--- Ahmad Junaedi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Para wargi..
> ieu aya "kisah pikasebeleun "oknum" urang Sunda" di
> republika.
> Punten teu di-sunda-keun.
> Tes CPNS teh sa_indonesia, ti Aceh nepika Papua. 
> Tapi beja ieu.. karek aya kaguar ti Jawa Barat... di
> Depag deuih....
> Kang Tirta.. jigana perlu dilebetkeun kana daptar
> kalemahan US:  loba oknum KKN!
> Anehna teh.. Kakandepagna ngabantah.. tapi ari
> praktekna mah.... duka ketang ???
>  
> Baktos,
> Jun, Seoul
> 
Punten di potong

=====



        
                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
Yahoo! Mail - You care about security. So do we. 
http://promotions.yahoo.com/new_mail





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke