Ihh... ulah alit manah kulan.....!!,
eta tandana urang sapamadegan, samaksud, sahate sareng satujuan.
Mugi-mugi kaayaan anu sapertos kitu dina perkawis anu sanesna oge, tiasa ngajembaran, ngaageungan sumebar kasadaya manah para wargi US dina enggoning ningkatkeun harkat sareng darajat Sunda.
Margina dina waktos-waktos ieu urang nuju leres-leres meryogikeun "kasabilulungan" sadaya wargi Sunda, bade saha deui...., sareng bade iraha deui urang kedah sabilulungan......???
Aehhh...., tos ahhhh.., naha ieu teh janten papanjangan....., punten Mang Jun....!!
 
Pihatur
ssw

Ahmad Junaedi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
jadi kapiasem...
geuningan ngabejaan bulu tuur..
da anu diusulkeun ku kuring teh.. nya kirang langkung na mah sami sareng usulan kasepuhan.. pak sidik sateuacanna..
maklum bae.. teu ningali/muka  surelek anu sateuacanna..
sakali deui .. hapunten janten minuhan surelek...

Ahmad Junaedi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Hapunten.. sim kuring ngiring usul.
Usulna kieu:
Upami henteu pendak langsung sareng kang Mahfud-na,  artosna saena dicepeng heula di US Jakarta (atanapi di simpen di rekening).  Namung, amanatkeun, boh ka rakana kang Mahfud atanapi ka saha bae anu tiasa dititipan amanat (RT, RW jrrd), pangdugikeun wartos ka kang Mahfud, mugi kang Mahfud tiasa ngahubiungi ka .. (tah.. sebatkeun bae ka saha.. paparin nomer telepon...) anu maksadna teu aya sanes bade ....(sebatkeun, naha misalna: ngiring prihatin sareng maparin sumanget ka Kang Mahfud, sakedik nyanggakeun kagegelan ti para Wargi Kusnet).
Pamugi usul ieu aya mangpaatna.


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke