muhun eta teh leres pisan kang, malih dina sapalih katerangan mah.. saurna ku siraru oge tiasa, mung eta siraruna keudah 7 aseupan, karek sah di angken kuban, munk pan teu luyu jeng loyog kana kaayaan jaman kiwari, tah didieu dinusebat islam teh, sok disaloyogkeun sareng kaayaan, dan islam mah pan tara ngaberatkeun ka ummat, mung ummat na we nu sok beubeurateun
On Thu, 06 Jan 2005 01:13:34 -0000, Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Enya ceuk aturan syari'at, nuturkeun sababarah madzhab, kurban teh > kudu ku sasatoan sarupa sapi, domba, atawa onta anu geus manjing > umurna. Tanda manjing umurna teh mun teu salah nya pulak huntuna tea > keur domba mah. > > Tapi, si kuring kungsi ngabandungan dina hiji pangajian yen > satemenna teu aya halangan bade kurban sok sanajan ku hayam. > Upamana, meuncit hayam tuluy dagingna dibagikeun. Sok komo deui > meuncit domba sok sanajan tacan punglak huntuna. Anu penting, "bi > qolbin salim" atawa "kalawan kaikhlasan" tea. Ngan meureun, upamana > kurban hayam atawa domba anu teu acan punglak huntuna mah > rerencepan bae, bisi geunjleung diuar-uar salaku kurban mah. > > Baktos, > manAR > --- In [email protected], "Nia Sri Winiarsih" <[EMAIL PROTECTED]> > wrote: > > Baraya Bade Naros,.. > > > > Punten nya da muhun abdi mah kirang pisan pengetahuan teh.. > > Upami bade kurban muhun cenah dombana kedah pohang heula > huntuna?....gaduh piaraan di lebur sababaraha ekor ( jeung badanna > sanes ekorna wungkul ), kamari teh nyaur ka nu ngingu teh..bade di > potong teh....cenah teh Da teu acan manjing, kedah punglak huntu > heula cenah... > > > > Nuhun > > > > Nia > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > > > > > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give the gift of life to a sick child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

