Baraya,
 
Tah ieu Kang Danny Hilman Natawidjaya anu ti payun kungsi dibewarakeun yen anjeunna kungsi ngaramalkeun baris ayana lini badag di laut kuloneun Sumatera. Emut ka anjeunna teh waktu si kuring kungsi diasistenan dina pangajaran geologi struktur, tahun 1982-1983. Tepung deui bulan september 2004, samemeh diskusi geologi selat Sunda di Auditorium Geologi sakumaha warta di handap.
 
Itungan anjeunna upama dilajunglakukeun saterusna, sayogi pisan keur mitigasi bencana gempa bumi jeung tsunami. Memang, kasimpulan panalungtikan anjeunna keur Aceh mah rada mengpar (siklus lini kakuatan 9 SR, daur kajadian  250-300 tahun), bisa kamaklum. Sabab, kahiji, panalangktikanana aya di sabudeureun wewengkon Mentawai, anu rada jauh ka kidul ti Aceh mah. Kadua, eta itungan teh masih kaasup itungan kasar. Anu dipiharep,. Pamarentah ngarespon kana eta iber munggaran baris ayana lini badag di wewengkon Sumatera. Dugi ka tiasa tatan leuwih awal, kaasup ningkatkeun perhetangan daur lini jeung prediksi anu leuwih pas kajadian-kajadian lini di wewengkon P. Sumatera beulah kaler.
 
Tina ieu iber munggaran, sigana aya sababaraha kacindekan:
1. Sayaktosna para ahli urang langkung mikawanoh kaayaan geologi wewengkon nusantara, sok komo deui upami panalungtikan2-nana dirojong ku Pamarentah pikeun terus dironjatkeun. Kukituna, pikeun ngawujudkeun "neng dini", urang heunteu kudu nanggeuhkeun ka ahli-ahli ti LN.
2. Keur pulo-pulo Mentawai jeung sabudeureunana, kaasup Sumatera beulah kidul tepi ka selat Sunda, prediksi daur lini 250-300 tahun (komo deui lamun aya itungan anu leuwih taliti), sakuduna jadi hiji kawaspadaan. Meureun, upama nyokon tahun lini gede pangakhirna, tahun 1833 tea, jero 10-20 tahun kahareup sigana baris aya lini gede anu pibahyaeun (utmana tsunami tea) di eta patempatan;
3. Sakuduna kawaspadaan teh lain ukur kana bencana lini (+tsunami), tapi oge sumber bancangpakewuh alam lainna, kayaning ngabaledugna gunungapi. Sababaraha gunungapi di Jawa Barat, kayaning T. Parahu jeung Guntur, geus istirahat ngaleuwihan daur istirahatna. energi anu disimpen kalintang badagna upama hiji gunungapi heunteu ngabeledug netepan daur bituna. Upama ngabeledug, kacida rongkahna akibat anu ditimbulkeunana. Anu katilu ieu, Insya Alloh urang guar deui dina posting saterasna.
 
 
Cag.
Baktos,
manAR
Mohammad Nasir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sayaktosna tos aya peringatan dini ti Bandung anu
dimuat Harian Kompas. Tapi kunaon teu aya nu
memperhatoskeun. Ieu pepiling nu ti Bandung, di
handap:
 
Baktos,

Nasir
===========

KOMPAS - Kamis, 02 Oct 2003   Halaman: 20   Penulis:
oki   Ukuran: 2528

--------------------------------------------------------------------------------

           WASPADAI GEMPA BESAR DARI ZONA SUBDUKSI
MENTAWAI

Bandung, Kompas
    Berdasarkan sejarah penelitian geologi dan catatan
siklus seismik
gempa berskala 9,0 skala richter sekitar zona subduksi
di lepas
pantai Barat pulau Sumatera, khususnya sekitar
Kepulauan Mentawai,
saat ini berada di ujung siklus seismik tersebut. Oleh
karena itulah
perlu dilakukan persiapan, membuat simulasi, sehingga
siap menghadapi
kemungkinan gempa bumi berkekuatan besar.
    Hal itu disampaikan pakar geologi gempa bumi Dr
Danny H
Natawidjaja, dalam diskusi kondisi Geologi Selat
Sunda, Rabu (1/10),
di Auditorium Museum Geologi, Bandung.
   

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.




Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - now with 250MB free storage. Learn more.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke