tadi peuting SMS2an jeung si kendi. manehna keur di selat malaka. sms-na mahal cenah, 4800/sms da ditarimana ku cellcom malaysia, terus di transfer ka telkomsel. nepi ka batam kamarina isuk2. sanggeus nurunkeun barang- sababarha unit instalasi penjernih cai- terus reureuh di wisma tamu pt pipa minyak batu ampar batam. dianteur ku IA itb jkt. ka aceh jadina kana kapal laut, ka singapura heula cenah, ngangkut bantuan. kapalna make bendera mongolia, nakhodana urang singapura. palebah singapura, operatorna singtel cenah. ti singapura, kapal muru ka belawan, medan. sarua di dieu oge ngangkut deui bantuan, dina dua tronron, dua treuk, jeung beus hiji, dikawal kopassus cenah, da bisa aya gam. duka kapalna bisa ngebut henteu. mudah2an ayeuna geus nepi atawa sahenteuna geus liwat sabang da rek turun di meulaboh. ti batam ka meulaboh kana kapal laut, nya kudu muter, liwat selaka malama terus mengkol deukeut pulo sabang atawa we, ka samudra india/indonesia. manehan ngawajab sms basa ku kuring ditalek, iraha rek nepi ka meulaboh? tuh era ku batur, marinir amrik jeung tangtara singapura australia geus digarawe mantuan korban tsunami. cenah, urusan teknis lain di 15 urang msiswa relawan itb, tapi di bandara, di pelabuhan, di kapal, jeung sajabana. ma'lum indonesia cenah. mj http://geocities.com/mangjamal ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give the gift of life to a sick child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

