keur sma, boga sobat cina ciamis, di imahna, bengkel las di jl.yodas (yos
sudarso) ciamis sok dilandih acung. si acung. ari diabsen guru mah ngarana
teh, Tanu Syarief Arifin. sihoreng ngan TANU teh ti marga (she) TAN.

di bdg boga babaturan resep buku, nu ieu mah, TAN-na, jadi Tanzil.

cara ngindonesiakeun ngaran seler cina biasana ngaran keluarga, marga
atawa she di tambahanan. Liem Swie Liong, jadi Sudono saLIM. Ong, jadi
Ongko Wijoyo. aya oge Tan nu jadi Tanuwijaya. baheula kuring kungsi
katipu, aya juara badminton, Ardi B Wiranata. bedul, cina sihoreng teh.
ngaran tukangna mah, nginjem ti ngaran bupati bandung baheula.

aya oge nu she-na Go, jadi Gondokusumo. ketua PDIP Jabar-nu kungsi
ngariweuhkeun US Bdg, sabab dicalonkeun jadi gubernur, Rudy Harsa Tanaya.
kunu apal mah, kapanggih, Tan di tukang teh she-na.

Bunarto, ti Bun atawa Boen. di Tasik aya toko roti Ong. diindonesiakeun,
hese nyunda, jadi ongko. teu make h. hehe

mun diilo sekeudeung, memang siga sunda atawa jawa, tapi diteges-teges
mah, sok rada kapanggih 'rasa kagok' na eta ngaran, mun kabeneran ngarana
maksa ngindonesiakeun she-na.






mj

http://geocities.com/mangjamal








------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Take a look at donorschoose.org, an excellent charitable web site for
anyone who cares about public education!
http://us.click.yahoo.com/O.5XsA/8WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke