Kumaha mun Koesnetkirananingrum?

Nia Sri Winiarsih <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Muhun MJ,
Di Dieu oge di tempat abdi damel, 80-90 persen na mah apanan chiness,..nami2na teh aya anu sae, aya anu kabarat2an, tapi pami di tilik mah eta  ngaran Margana nangkod. Aya oge anu nami asli tiongkok..

Basa kapungkur pas mimiti interview di dieu, intervw sareng GM na, pok deui pok deui naroskeun nama keluarga,..eh da ceuk abdi teh abdi mah urang sunda teu aya nami kulawarga, kalah rada bingung di taros kitu teh...

Nia



-----Original Message-----
From: mj [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Friday, January 07, 2005 1:07 PM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] cara batur ganti ngaran-seler tionghoa



keur sma, boga sobat cina ciamis, di imahna, bengkel las di jl.yodas (yos
sudarso) ciamis sok dilandih acung. si acung. ari diabsen guru mah ngarana
teh, Tanu Syarief Arifin. sihoreng ngan TANU teh ti marga (she) TAN.

di bdg boga babaturan resep buku, nu ieu mah, TAN-na, jadi Tanzil.

cara ngindonesiakeun ngaran seler cina biasana ngaran keluarga, marga
atawa she di tambahanan. Liem Swie Liong, jadi Sudono saLIM. Ong, jadi
Ongko Wijoyo. aya oge Tan nu jadi Tanuwijaya. baheula kuring kungsi
katipu, aya juara badminton, Ardi B Wiranata. bedul, cina sihoreng teh.
ngaran tukangna mah, nginjem ti ngaran bupati bandung baheula.

aya oge nu she-na Go, jadi Gondokusumo. ketua PDIP Jabar-nu kungsi
ngariweuhkeun US Bdg, sabab dicalonkeun jadi gubernur, Rudy Harsa Tanaya.
kunu apal mah, kapanggih, Tan di tukang teh she-na.

Bunarto, ti Bun atawa Boen. di Tasik aya toko roti Ong. diindonesiakeun,
hese nyunda, jadi ongko. teu make h. hehe

mun diilo sekeudeung, memang siga sunda atawa jawa, tapi diteges-teges
mah, sok rada kapanggih 'rasa kagok' na eta ngaran, mun kabeneran ngarana
maksa ngindonesiakeun she-na.






mj

http://geocities.com/mangjamal









Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links









Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - now with 250MB free storage. Learn more.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke